Riweuh polemik lantaran basa daerah rek dipiceun tina kurikulum 2013. Loba pihak nu nganggap eta kawijakan nu salah. Basa daerah kaasup basa sunda salaku basa indung kacida pentingna asup kurikulum. Salah mun teu diasupkn. Ari cek kuring mah, asupna basa daerah kana kurikulum anyar lain sagala galana. Aya nu leuwih penting diperhatikeun nyaeta:
1. Basa sunda kudu bener bener dipake dina kahirupan sapopoe. Urang bisa ngabandungan beuki kadesehna pamakean basa Sunda utamana di kota-kota di lingkungan kulawarga urang Sunda. Percuma aya pelajaran basa Sunda di sakola ge ari dina kahirupan sapopoe geus teu diparake mah. Naon bedana jeung diajar basa Inggris atawa basa Arab di sakola
2. Kawijakan pamarentah daerah nu bener bener ngadukung kamekaran basa daerah. Kudu ngadukung kana kamekaran basa Sunda ku cara make basa Sunda dina acara-acara pamarentah. Kudu aya kiwijakan nu nyata dina ngadukung kamekaran basa Sunda kaasup ngadukung media Sunda nu hirupna pikawatireun. Kudu minuhan perpustakaan sakola-sakola ku buku-buku basa Sunda. Percuma asup kurikulum ge ari pamarentah daerahna teu ngadukung mah. Basa Sunda kamekaranana diantep sina leumpang sorangan.
Jadi, dukungan kana asupna basa daerah kana kurikulum kudu didukung ku pamakean Basa Sunda di urang Sundana sorangan. Lamun teu kitu mah rek asup kurikulum rek teu asup kurikulum bakal taya bedana.
Sok we saliksik diri sorangan heula sakabeh urang Sunda ieu. Pelajaran basa Sunda dina kurikulum mah nomer sakitu. Nomer hijina mah urang ngalestarikeun basa Sunda dina kahirupan urang sapopoe. Sing Jadi basa Sunda teh alat komunikasi urang di lingkungan kulawarga.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar