BUDAYA CINA dipikawanoh beunghar ku falsafah. Sagala segi kahirupan urang Cina teu weleh didasaran atawa ngandung falsafah. Ti mimiti kuliner, sistem kakarabatan, sistem kalender, bisnis, bela diri, shio, pangobatan, sistem kapercayaan, arsitektur, jrrd. Sahingga naon nu dilakonan ku urang Cina ngandung sumanget jeung maksud nu dipiharep mawa karahjaan kana kahirupan maranehna.
Leuwihna ti eta, najan falsafah urang Cina asalna ti generasi baheula (buhun) tapi tetep hirup atawa diparake ku generasi modern ayeuna. Falsafah Cina ngabedakeun budayana jeung nu lian sahingga katembong onjoyna. Lain urang Cina lamun teu boga niley leuwih ti komunitas mayoritas. Ka mana wae atawa di mana wae urang Cina hirup teu pernah leungiteun jati dirina lantaran kuat falsafah hirupna, saterusna mangaruhan kana budaya lokal di mana maranehna dumuk. Mobilitas urang Cina nu lintas benua, jauh ti tanah luluhurna, teu kaitung budaya nu kapangaruhan ku budaya Cina.
Kaasup di urang, Indonesia, urang Cina kuat nyekel sagala falsafah hirupna. Contona dina arsitektur. Anu populer mah perkara feng shui dina ngawangun hiji wangunan, dumasar kana pertimbangan-pertimbangan tempat, katut bentuk-bentuk bangunanana, bener-bener dirancang lain sakadar tembong alusna tapi oge nyangkut kana perkara kalancaran rejeki, sumanget (dina milih warna cet), jeung kasehatan hiji wangunan.
Teu rea nu apal bangunan ruko sabenerna asalana tina budaya Cina. Baheula komunitas Cina nu ngabentuk Pecinan ngakalan sempitna tempat ku cara ngawangun wangunan dua tingkat. Dasarna keur tempat usaha, tingkat luhur keur cicing sakulawarga. Ruko ahirna populer ka sakuliah dunya. Diaku mangrupa wangunan nu ideal keur kaum bisnis menengah.
Dina dunya pangobatan tradisional, pangobatan nu jolna ti Cina geus ngadunya dipercaya jeung kabuktian ampuh keur nambaan sing sarwa panyakit. Teu saukur diparake ku urang Cina, tapi oge ku urang-urang non-Cina. Dasar pangobatan tradisional Cina ngagunakeun falsafah yen awak manusa ngandung dua unsur nyaeta yin jeung yang. Timbulna panyakit dina awak manusa lantaran teu imbangna dua unsur eta. Tarekah pangobatan tradisional Cina hebatna rea nu geus diuji sacara klinis tur kabuktian manjur jeung aman.
Eta sakadar dua conto. Heup urang nguruskeun budaya Cina jeung falsafahna nu beunghar. Ayeuna, urang Sunda kumaha? Naha saperti urang Cina boga budaya nu ngandung falsafah nu hirup tur diparake ku generasi ayeuna? Kuring yakin, budaya Sunda beunghar ku falsafah. Tapi hanjakalna teu hirup dina alam ayeuna. Ukur hirup jaman baheula. Aya hiji-hijieun nu masih dipake, tapi ukur ku kalangan-kalangan nu tangtu. Rereana mah geus teu arapaleun.
Nu disebut urang Sunda wae ayeuna teh lantaran dua alesan: 1) cicing di Jawa Barat, 2) masih make basa Sunda. Leuwih ti dua alesan eta, samodel naha urang masih ngawangun budaya Sunda kalayan ajen inajen kasundaan? Pangrasa henteu kitu. Urang hirup dina budaya nu kasered ku pangaruh deungeun bari kaleungitan kasundaan. Urang mehmehan leungiteun identitas Sunda, komo di pakotaan mah, bari can ngawujud budaya Sunda anyar nu onjoy pikeun kompetisi di alam modern.
Terus terang we cek kuring mah urang Sunda hirup dina budaya nu gamang. Pangaruh-pangaruh modernisasi teu bisa dikulturkeun kana kasundaan. Atawa taya karep nyundakeun budaya najan pangaruh ti budaya sejen sakieu reana. Antukna budaya Sunda teh miskin ku falsafah.
Budaya nu bisa langgeng nyaeta budaya nu beunghar ku falsafah. Lantaran ari falsafah teh jerona pamikiran ka tukang jeung ka hareup, leubeutna batin dina enggoning ngaraksa jeung ngariksa kahirupan. Budaya instan, budaya temporer, cek saha wae oge miskin ku falsafah. Cilakana, urang ngalakonan budaya instan atawa temporer teh jolna lain tina diri urang tapi kabawakeun ku pangaruh batur.
Falsafah hiji budaya sakuduna mah dinamis, henteu statis. Atawa sakurangna ngandung sumanget pembaruan sangkan jati diri budayana henteu leungit. Budaya Sunda ayeuna naon? Urang bingung ngajawabna. Tapi mun ditanya budaya Sunda baheula urang rada bisa ngajawab, tina kasenian urang bisa nyebut wayang golek, karinding, jst.
Mun pangobatan tradisional Cina bisa ngadunya, pangobatan tradisonal Sunda mah beuki leungit. Nu rea malah perdukunan nu nuansana mistis, supranatural, nu jajauheun teuing ngandung palsafah keur dasar pangobatan nu bisa dipercaya. Padahal kuring yakin kolot baheula boga cara-cara pangobatan nu manjur tur didasaran ku elmuna.
Kumaha atuh ayeuna, naha urang rek ngantep urang Sunda teu boga budaya nu nyunda tur leubeut ku falsafah. Hiji pananya nu hese jawabanana. Sabab sabenerna mah urang hayang ajeg keneh dina budaya Sunda tapi kurang ngagali pamikiran jeung batin nu nyunda. Perlu tarekah nu soson-soson ti sakabeh urang Sunda. Lamun teu kitu, budaya Sunda bakal asup kana catetan sajarah nu geus lekasan. Taya lian, kuring ngajak yu urang nembarakeun pamikiran jeung batin salaku urang Sunda sarta sina boga kakuatan mangaruhan sakabeh urang Sunda sangkan budaya Sunda teh terus hirup.***
Lembur simpe, Maret 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar