Toko Online@Bajuku

Selasa, 25 Desember 2012

FIKSIMINI DINA SASTRA SUNDA


ISTILAH fiksimini mimiti aya dina media online jejaring sosial facebook nu memang keur meumeujeuhna dipigandrung ku balarea. Dina fitur facebook aya hiji pasilitas nu ngamungkinkeun saha wae bisa nyieun hiji grup sacara bebas, ngeunaan naon wae taya watesan. Anggotana bisa terbuka saha wae bisa ngagabung, bisa oge rusiah anggotana ti kalangan tertentu wae, teu sambarang jalma bisa jadi anggotana. Salah sahiji grup facebook teh nyaeta Fiksimini Sunda. Eusina mangrupa wangun carita sunda nu bener-bener pondok. Beda ti wangun carpon. Saha wae nu jadi anggota bisa nyieun fiksimini. Temana bebas. Wangun hiji fiksimini, samodel kieu:
SAIUH PAYUNG
Bubaran sakola. Hujan ngegebret lir diburakeun ti langit. Jam direretan. Lahlahan maksa rek mulang. Payung dibuka, lumayan tamba ribeg teuing. Mapay trotoar. Pirajeuneun, hayang-reret. Breh, jedud, lenyap. Aya nu keur ngiuhan di juru toko.
“Aeh, teu salah tetempoan kitu aing teh?” Cek gerentes hate.
Panasaran dideukeutan. Horeng ukur mirip. Ngawanikeun nanya, “Neng, nuju megat beus?”
Burinyay, haduh eta imut, bleg manehna. Make calana ketat, kaos ipis rapet awak.
“Hayu atuh urang sareng megatna di palih ditu!”  Sugan teh rek nolak. Payung rada didengdekeun ka manehna. Saiuh payung. Rapet. Hate ngadulag. Rus-ras masa endah jaman ka tukang. Nu diimpleng asa aya gigireun. Jol wanoh wae. Lebar ku geulisna, cenah karek tamat SMP. Sangkehan dilesotkeun. Ti kajauhan kadenge sora klakson mobil.
“A, dikantun, nya!” Bari nyium leungeun. Laju muru mobil mewah. Asa apal ka eta mobil teh. Nyel. Hayang utah. (Fiksimini beunang Yuharno Uyuh, dicutat tina grup facebook Fiksimini Basa Sunda tanggal 24 November 2012)
......
Lamun dititenan eta fiksimini teh carita nu moal meakeun waktu samenit pikeun macana. Da memang pondok pisan, ku kituna disebut fiksimini. Wangunna ukur sabaraha alinea. Mangrupakeun hiji potongan kajadian. Atuh nu nulisna, jigana nu resep kana fiksi basa Sunda, lain pangarang nu sok medal karya-karyana dina majalah Mangle atawa Sunda Midang. Ieu alusna fiksimini teh. Komo nu dina media online samodel dina facebook mah, taya saringan, teu dipariksa ku redaksi, kari nyieun tuluy diupload, saterusna kabaca ku balarea. Hiji kabebasan nulis nu kudu diapresiasi kalayan daria ku urang sarerea.
Naha fiksimini dina basa Sunda teh hiji hal nu anyar? Jigana ukur istilah wungkul nu anyar mah sarta mediana nu online. Ditilik tina wangunna mah sarua we jeung Pangalaman Para Mitra (PPM) dina majalah Mangle. Bedana ari PPM mah dina media cetak sarta nyaritakeun hal-hal nu pikeuseurieun, lucu. Ari fiksimini dina media online rea nu temana serius, najan loba oge nu pikulucueun. Ketang, awalna muncul fiksimini basa Sunda teh temana didominasina ku hal-hal nu lucu. Karek saentas pangarang-pangaran Sunda samodel Godi Suwarna, Nazarudin Azhar, jrrd,  narulis fiksimini dina media online, temana ngageser kana hal-hal nu serius.
Beh deui, fiksimini basa Sunda lain saukur aya dina media online, tapi oge aya dina media cetak. Tribun Jabar, Galamedia (duanana terbitan Bandung), jeung Kabar Priangan (terbitan Tasikmalaya) rutin ngamuat fiksimini, boh kompilasi (hasil sababaraha urang pangarang) atau hasil saurang pangarang. Hanjakalna media Sunda samodel majalah Mangle jeung Sunda Midang can nyobaan ngamuat fiksimini basa Sunda. Duka taya tulisan fiksimini nu asup ka redaksina, duka memang can aya kaputusan redaksi pikeun nyadiakeun halaman husus keur fiksimini.
Meureun memang nu disebut fiksimini teh masih neangan pengakuan salaku bagian tina sastra Sunda. Standar fiksimini oge memang masih can jelas, utamana palebah kualitas. Aya kesan fiksimini ayeuna ukur ngaramekeun wungkul. Atawa masih dianggap mirip-mirip PPM dina Mangle, najan teu keuna mun dianggap kitu, sabab rea fiksimini basa Sunda nu kawilang alus. Nepika iraha fiksimini basa Sunda bisa langgengna? Eta pananya nu can bisa dijawab. Lamun langgeng terus, hiji waktu bakal aya pengakuan salaku bagian tina sastra Sunda disagigireun sajak, carpon, jeung novel atawa roman. Lamun tuluy pakuclep, nya meureun moal aya pangakuan. Najan memang geus aya buku kumpulan fiksimini nu diterbitkeun ku self publishing nu dikokojoan ku Basyar Isha.
Kumaha urang ngapresiasi fiksimini nu keur gejah ayeuna? Nya, alus we. Kahiji, sabab fiksimini kawilang hampang, saha wae bisa nulis kalayan kaidah-kaidah nu longgar, ieu bakal ngalatih saha wae pikeun nulis. Kadua, sugan jeung sugan tina pangarang-pangarang fiksimini teh bisa lahir pangarang Sunda nu hade, nu bakal nulis carpon jeung novel. Anggap we fiksimini mah salaku lahan keur latihan sangkan engkena bisa nulis nu leuwih panjang jeung daria. Katiluna, pikeun narik minat baca kana basa Sunda. Sabab fiksimini mah wangunna pondok pisan, saha wae ge gampang kataji. Tah ti dinya sugan we nu gandrung ku fiksimini bakal ngarasa hayang maca tulisan basa Sunda nu leuwih panjang nu ayana dina media cetak samodel Sunda Midang atawa Mangle. Sabab pembaca media online ayeuna leuwih rea batan nu maca media cetak. Sakuduna media online bisa mere pangaruh positip kana media cetak basa Sunda. Atuh sakuduna Sunda Midang jeung Mangle oge nyadiakeun halaman pikeun fiksimini basa Sunda. Bawirasa lamun kitu hiji waktu fiksimini bakal diaku boga karakter nu mandiri sarta jadi bagian dina sastra Sunda. Muga-muga we.***




Tidak ada komentar:

Posting Komentar