Mang Sodik
TEU
pernah kuring manggihan jalma nu tina beungeutna teu weleh nembongkeun sumanget
salainti Mang Sodik. Teu pernah. Sanajan keur cape, cahaya sumangetna tetep
aya. Teu pernah pareum. Teu pernah aya kasedih. Kadang kuring ngagerentes, tina
naon hate Mang Sodik dijieunna sahingga dina ekspresi beungeutna nu nembrak teh
sumanget, sumanget jeung sumanget. Saolah-olah ieu dunya teh teu weleh
ngagumbirakeun, taya kasusah. Padahal Mang Sodik teh ukur tukang bubur hayam nu
tiap isuk ngadodorong gorobag ngiderkeun
daganganana...
Sora
mangkokna nu ditakolan ngagambarkeun sumangetna. Ting ting ting...ting ting
ting... Ritmena mandiri. Jalma sakomplek ieu mah apal, pasti Mang Sodik keur
dagang bubur hayam. Ibu-ibu nu marales masak isuk-isuk pasti gura-giru kaluar
ti imahna, megat Mang Sodik... Meuli buburna...
“Mang
Sodik...bubuuurrrrr!”
“Mangga,
Bu... Bade sabaraha mangkok?” Tembal Mang Sodik bari nyampeurkeun ngadorong
rodana. Sora kreot-kreot tina roda gorobagna nu geus kolot...tah sarua kadenge
sumangetna, beuki cepet.
“Dua
mangkok we, Mang...”
“Sagorobag
oge mangga, Bu, he he he... Ah, punten bu, heureuy...”
Nu
rek meuli kadenge nyeuleukeuteuk.
“Hawatos
nu sanes atuh Mang dipeser sadaya ku abdi mah...”
“Muhun
ketang nya Bu he he...”
Biasana
mah Mang Sodik tuluy talete.
“Nganggo
kacang, Bu?”
“Saalit
we, Mang..”
“Ladana?”
“Ah,
teu kenging diladaan...kanggo budak da..”
Pon
kitu deui mun nu meuli menta ditambahan naon-naonna.
“Daging
hayamna ditambihan atuh, Mang..”
“Siap,
Bu..” Bari bru ditambahan, teu tembong nyaah.
“Kecapna
sing seueur, Mang..”
“Mangga,
mangga....” Kecrot-kecrot kecapna ditambahan.
Jeung
pamenta nu sejenna. Mang Sodik teu weleh ngaladenan nu meuli buburna kalayan
sumanget jeung darehdeh. Jigana enya-enya manehna mah make filosopi “nu meuli
teh raja”. Manehna hamba nu meuli. Rasa buburna mandiri, beda jeung nu batur.
Pernah kuring iseng, mangkok eusi bubur teh dibalikeun, ajaib buburna henteu
ragrag. Napel dina mangkokna bakating ku kentel.
Saentas
ngaladenan nu meuli, manehna ngeureuyeuh deui. Nyampeurkeun langgananana nu
geus ngadaragoan. Manehna mah tara gogorowokan natawarkeun daganganana. Cukup
ku narokan mangkok, jalma sakomplek eta mah geus arapaleun.
Gorobagna
memang geus kolot, tapi teu weleh bersih. Teu matak kagok nu mareuli. Dina kaca
gorobagna aya tulisan tina sekotlait: BUBUR AYA MANG SODIK. RAOS PISAN. Beh
ditu memang tulisanana lengkep: BUBUR AYAM... Tapi jigana hurup “M” na ragrag
jeung teu pernah diganti deui...
Hiji
waktu mah kuring kungsi ngomentar kana eta tulisan. “Hurup M – na ka manakeun,
Mang?”
“He
he, ragrag duka dimana. Tadina AYAM, eh terang-terang jadi AYA...” Cek Mang
Sodik bari nyerengeh.
“Boa
kagalohkeun kana bubur?” Kuring ngabanyolan.
“He
he duka tah upami diarala kunu meser mah...” tetep nyerengeh.
“Naha
atuh sanes diganti?”
“Ah,
keun wae, Pa, malah sae janten ciri khas. Ongkoh bade AYAM, bade AYA, sadayana
ge pada terang Mamang mah jualan bubur ayam, sanes nu lian he he..”
Kuring
mesem. Alus tah alesanana teh....
Beh
dieu, hurup S – na oge leungit. Atuh ayeuna mah kabacana teh: BUBUR AYA MANG
ODIK... Teu komen kukumaha.. Asana mun ditanyakeun ge jawabna teh moal jauh ti
kieu: “Ragrag duka di mana... Terang-terang janten ODIK we. Ongkoh bade SODIK
bade ODIK jamana mah nu ieu-ieu keneh, he he..” Enya SODIK jeung ODIK mah teu
pati pajauh ieuh...
Hiji
waktu kuring jadi meuli bubur Mang Sodik nu pangpandeurina. Daganganana erep.
Manehna ngitung duit ladang isuk eta. “Alhamdulillah...” Kadenge ngagerendeng
bari ngabagi tilu duitna.
Kuring
teu tahan pikeun nanya.
“Dibagi
tilu kitu artos teh, Mang? Boa-boa keur mahugi sawareh?” Cek kuring.
“Ah,
Si Bapa mah, bujeng-bujeng mahugi... Ieu mah modal..” Cek Mang Sodik bari
nembongkeun bagian duit nu panglobana...”Nu ieu kanggo resiko dapur...” Manehna
nembongkeun nu rada saeutik...”Tah nu ieu mah kanggo nabung...” Manehna
nembongkeun duit nu kira-kira teh sarua jeung nu bagian kadua.
“Oh,
sok nabung nya, Mang?”
“Nya,
saalit-saalit, Pa... Tapi kieu cara mamang mah, dipisahkeun hancenganana
samemeh dugika bumi. Ngahaja-haja hoyong nabung bari ngantosan sesa tina
kaperluan mah, walah tara hade, seep deui seep deui. Alhamdulillah ku cara kieu
mah tiasa gaduh sisimpenan. Yah, saha nu terang tiasa dianggo ongkos munggah
haji he he...” Mang Sodik nyeuleukeuteuk tungtungna teh.
“Upama
Mamang gaduh niat, naon wae bisa laksana, teu aya nu mustahil asal usahana
soson-soson...” Cek kuring daria. Kuring teu nganggap omongan Mang Sodik tadi
salaku heureuy. Mungkin wae manehna memang boga niat hayang munggah haji, saha
nu apal. “Ku abdi didungakeun muga-muga Mamang tiasa munggah haji...”
“Amin...”
Sabenerna
harita basa tas jajan bubur hayam Mang Sodik kuring kungsi mikir. Jalma leutik
saperti Mang Sodik kadangkala ngalakukeun hal nu teu dilakonan ku jalma rea.
Soal nabung misalna, kuring sorangan teu weleh hayang nabung, tapi teu pernah
laksana. Kuring teu bisa nyisihkeun gajih pikeun nabung, kabeh erep keur
pangabutuh. Kadangkala malah kurang, teu mahi sabulan gajih teh. Nabung teh
jadi angen-angen we, mun geus rada ibur rek aya gajih ka 13 sok ngagerentes rek
nyisihkeun keur nabung. Tapi mangsa kaluar mah bororaah bisa nabung, kabeh erep
deui wae. Jalma saperti Mang Sodik cek kuring mah luar biasa. Najan
panghasilanana leutik, tapi nyatana bisa nabung. Enya ketang, nabung teh
sabenerna lain soal gede leutikna panghasilan, tapi gumantung kana kuatna niat
dina nyisihkeun panghasilan...
Mang
Sodik terus ngalakonan rutinitasna, jadi bagian di komplek paimahan ieu. Tiap
isuk manehna ngadodorong gorobag dagang bubur hayamna. Jigana, taya saurang ge
di dieu mah nu teu kungsi ngarasakeun kumaha pedona bubur hayam buatan Mang
Sodik.
Aya
diperlukeun. Mun pareng taya, jalma kaleungitan. Jalma silih tanya, ka mana
Mang Sodik teu dagang. Sakali-sakali Mah Mang Sodik memang kungsi teu dagang,
alatan gering atawa aya kaperluan ngadadak..
***
LIMA
taun kuring pindah pagawean. Salila eta kuring teu pernah tepung deui jeung
Mang Sodik. Lamun urut babaturan gawe teu hajatan mah, meureun kuring moal
papanggih deui jeung Mang Sodik.
Make
batik, kuring pangling nempo Mang Sodik. Beungeutna katempo leuwih ngeusi
ayeuna mah. Tetep mancarkeun sumanget hirup nu teu pernah pareum. Angger
darehdeh jiga bareto. Manehna nu pangheulana nanya teh...
“Masya
Allah, ieu teh Pa Nana?” Cek Mang Sodik bari ngeupeul leungeun kuring pageuh
pisan.
“Muhun,
Mang, teu hilap kitu?” Cek kuring.
“Ah,
piraku hilap atuh Pa, kapungkur pan Pa Nana pelanggan setia bubur hayam
Mamang...he he...” Seurina masih cara bareto. “Damel di mana ayeuna Pa Nana
teh?”
“Tebih
Mang ayeuna mah, di pasisian....”
“Tos
janten Kepala Sakola pastina oge nya?”
Kuring
unggeuk.
“Alhamdulillah,
Allah Maha Kawasa...”
“Masih
icalan bubur hayam?”
“Masih,
Pa. Upami teu icalan bubur hayam bade diparaban naon kulawarga Mamang he he he.
Tapi ayeuna mah henteu dina roda, tapi gaduh kios nyalira di ruko payuneun
komplek. Tos teu kaduga ngododorong rodana...he he...”
“Alhamdulillah
aya kamajengan atuh...” Luar biasa tina tukang bubur hayam nu make gorobag,
ayeuna geus boga kios sorangan bari dina ruko. Sabaraha nyewana oge, tangtu
puluhan juta, ck ck ck...
“Yah,
lumayan pa ladang tina nabung saalit-saalit..”
Kuring
moal poho kana hal nabung tina diri Mang Sodik. Keur kitu aya saurang ibu-ibu
ngaliwat.
“Eh,
Pa Haji, sareng saha ka dieu?” Pokna. Jelas pisan ditujukeun ka Mang Sodik.
“Nyalira
we. Si bibi nuju kanceuh rematikna...” Tembang Mang Sodik.
“Oh..mangga
atuh.”
“Mangga,
Bu.”
Pa
Haji?
“Mamang
tos janten haji ayeuna mah?” Cek kuring hayang ngayakinkeun. Luar biasa deui.
Lima taun teu papanggih Mang Sodik geus nyieun kaajaiban hirup nu teu
kabayangkeun ku kuring.
Mang
Sodik ngaheheh.
“Alhamdulillah,
Pa, abdi dipaparin rejeki ku Alloh kanggo ibadah haji.”
“Aduh,
atuh hapunten...abdi kedah nyebat Pa Haji atuh ayeuna mah...” Cek kuring
dibarung ku rasa ajrih.
“Ah,
teu kedah, Pa. Abdi leuwih resep disebut Mamang we cara kapungkur he he .. Teu
kedah nganggo emebel-embel haji. Aya nu langkung haji batan abdi....“
“Tulisan
dina kios masih Bubur Aya Mang Odik nya sapertos dina gorobag?”
Mang
Sodik mani ngehkey..
“Muhun,
Pa, masih kitu...Etang-etang trade mark abdi eta mah...”
Teu
lila kuring jeung Mang, eh Haji Sodik, papisah. Ujug-ujug kuring ngarasa era
sorangan ku Mang Sodik. Manehna nu tukang bubur hayam geus bisa munggah haji.
Kuring nu jadi guru, malah kepala sakola ayeuna mah, bari disarebut Pa, Bapa,
bari pinuh rasa hormat, teu bisa jiga Mang Sodik. Teuing iraha bisa munggah
haji.***
lembur simpe, 2013
Tidak ada komentar:
Posting Komentar