Toko Online@Bajuku

Rabu, 09 Januari 2013

CARPON


Nu Teu Mulang Tas Lebaran



KAASUP alus milik, basa Wija isuk-isuk datang ka imah Haji Dede, kasampak keur aya. Malah tembong nyalse, Haji Dede keur maca koran dina terlas hareup. Biasana Haji Dede mah jarang di imah, hese hayang panggih teh, malum pangusaha nu keur meumeujeuhna nanjung.
“Aeh, geuning urang kota teh aya keneh di lembur?” Cek Haji Dede bari nilepan koran.
Wija ngaheheh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Batur mah nu marudik teh geus baralik deui ka kota, ari maneh Ja, naha aya keneh di lembur?” Haji Dede mencrong Wija.
“Muhun, Pa Haji... Abdi mah moal ka kota deui da... Bade teras di lembur we ayeuna mah... Hoream ka kota deui teh abdi mah...” Cek Wija. Hatena mah rada era nyarita kitu teh...
“Sukur atuh ari geus rek bumetah di lembur mah... Teu kurang-kurang sumber kahirupan mah di lembur ge... Sukur....sukur lah, bungah lembur nambahan deui warga, moal tariiseun teuing ditaringgalkeun ku nu nareangan kipayah ka kota...”
Wija nyerengeh.
“Namung da abdi mah kapaksa, Pa Haji...”
“Har, kapaksa kumaha? Mun teu salah ngitung mah Wija teh usaha di kota geus aya kana lima welas taunna... Meureun meujeuhna geus boga bekel keur hirup di lembur... Piraku rek saumur-umur usaha di kota wae, teu inget balik deui ka lembur...”
“Nya muhun nu sarukses mah Pa Haji... Nu nasibna sae sareng arageung modal mah mendakan kasenangan usaha di kota teh... Abdi mah ukur tinggal daki we di kota ge... “Cek Wija. Luk tungkul.
“Euh, kutan kitu nya?”
“Sumuhun, Pa Haji....”
“Enya ketang nya, nasib meureun nu kuat mah... Tapi ketang pan cenah nasib mah bisa dirobah, nya?”
Wija unggeuk.
“Hartina nasib mah kumaha patekadan urang. Mun urang kuat tekad dina ngarobah nasib, nya nasib ge bisa robah. Lamun teu kuat atawa satengah-satengah tekad urangna, meureun nasib ge moal bisa robah...”
Wija ngeluk deui wae.
“Atuh soal modal, ah kuring apal Ja urang dieu nu sukses usaha di kota. Itu  Si Sapri tina ukur dagang baso dina roda pan ayeuna mah cenah bisa meuli ruko. Dagang basona ge di ruko ayeuna mah. Padahal mun dipikir tina modal dagang baso dina roda mah, sabaraha gede modalna, sabaraha untungna? Tapi meureun manehna mah apik bakat hayang ngarobah nasibna...”
Teu lemek, Wija beuki ngeluk.
“Si Toha deui, tina supir angkot ayeuna mah jadi juragan angkot. Si Udeng, mimitina buburuh ngaduk, ayeuna mah bisa jadi pemborong...”
“Muhun pan nu sanes mah, Pa Haji... Sarae milikna... Abdi mah angger we petot kahirupan teh...” Cek Wija karek nembalan.
Haji Dede ngaheheh.
“Ah, ulah dipake leutik hate, Ja... Encan Wija mah... Pan cek kuring ge nasib mah bisa dirobah asal kuat tekad dina ngarobahna. Teu di kota teu di lembur pikeun jadi jalma sukses mah taya halangan. Modal ulah jadi halangan. Rea jalma nu tadina modal leutik tapi ari bisa mah ngaturna bet jadi beunghar. Kuring ge cicing di lembur, lain agul Ja, cek batur mah pan disebut sukses...”
“Sumuhun..”
“Terus, Wija ayeuna di lembur rek usaha kana naon?”
Memeh nembalan Wija ngarenghap heula.
“Nyaeta Pa Haji, abdi teh teu acan gaduh totoongan bade naon-naonna. Namung saheulaanan mah mamanawian abdi teh bade nyuhunkeun tulung ka Pa Haji, manawi aya padamelan nu tiasa dipidamel ku abdi...” Cek Wija neger-neger maneh ngomong sakitu ge. Rumasa era geus kapeupeuh ku omongan Haji Dede cikeneh.
“Ah, era ngagawekeun urang kota mah...” Haji Dede ngaheheh.
“Teu kenging kitu Pa Haji...sing hawatos we ka abdi...” Beungeut Wija ngadadak nyiak beureum. Era.
“Emh, hampura ketang Ja, heureuy kuring mah... Nya ari arek buburuh di kuring mah pek wae... Kabeneran aya tilu mobil treuk nu nganggur euweuh supiran teh, supirna ka karota... bisa nyupir keneh lin?”
“Tiasa, atuh Pa Haji...Pan di Jakarta ge abdi nyupiran damel teh....” Tembal Wija giak.
“Nya atuh mimiti isuk we gawena. Kabeneran tas lebaran teh loba order ngangkutan batu ka proyek perumahan di Cisaga. Asa kabeneran, teu kudu riweuh neangan supir. Mobilna nu Z 7610, Ja... Jagjag mobilna mah... Tapi jig we ilikan ku sorangan. Kenekna Si Hamid..apal lin ka Si Hamid? Eta anakna Mang Cece..”
“Terang, Pa Haji...”
“Enya, jig we ilikan mobilna...”
Sanggeus nganuhunkeun ka Haji Dede mah, Wija ngoloyong ka garasi mobil Haji Jaja. Aya tilu mobil treuk nu ngabagug di garasi teh. Nu sejenna mah tangtu keur jaralan, da rea mobil treuk Haji Dede teh. Mun teu salah aya kana tujuh belas sikina.
Wija nyampeurkeun mobil treuk nu nomer polisina Z 7610 TB. Enya jiga jagjag keneh. Tina cetna oge katempo mulus, bubuhan asak piara meureun. Kalacat naek kana mobil, konci kontakna ngagantung. Jegur dihirupan, didedengekeun sora mesinna.
Enya, jagjag ieu mah, gerentes Wija. Teu lila mesin mobil dipareuman. Jrut turun, tuluy taang toong ka kolong mobil, nempoan handapan. Per aralus, taya nu potong. Ban sakitu mah garaling keneh. Tinggal mecut we...

**

MULANG ti Haji Dede teu tuluy mulang ka imah. Tapi mengkol ka pasawahan. Nu ditujuna taya lian saung sawah nu bapana.
Panonpoe keur meujeuhna manceran. Keur usum halodo, tapi sawah di lembur manehna mah taya nu kagaringan da boga irigasi nu kawilang kuat caina. Pare keur meumeujeuhna hejo, sawareh tembong mangsa rareuneuh. Angin rada tarik nebak awak Wija.
Anjog ka sawah nu bapana,  Wija tuluy muru saung. Gek diuk. Kesang renung dina tarangna. Tapi kesang nu karasana enak kana awak, lain kesang lantaran baringsang ku panasna hawa Jakarta, tempat manehna nyiar kipayah welasan taun ka tukang.
Gek Wija diuk dina talupuh saung. Nempo ka jauhna satungtung ngaplakna sawah. Karasa tingtrim. Nu keur ngalongokan sawah parentul na galengan. Ti beulah wetan aya manuk kuntul ngalayang muru wates pasawahan....
Pikiran Wija ngacacang ka waktu nu geus kaliwat. Mangsa manehna usaha di Jakarta. Wayah kieu bororaah bisa nyalse, teu kawas ayeuna di lembur. Keur meumeujeuhna paheuras-heuras bitis di Jakarta mah... Gawe jadi supir Mayasari, hawa panas, macet teu anggeus-anggeus...hhhh, najan geus teu dilakonan deui bet ku manehna masih  keneh karasa capena, ripuhna... Dipikir-pikir ayeuna mah uyuhan we bisa tahan welas-welas taun kitu...
Keur Wija, omongan Haji Dede tadi teh asa nyindiran ka manehna. Enya batur mah sarukses, ari manehna mulang ka lembur teh ngaligincing. Ladang usaha beak keur kahirupan sapopoe. Bisa neundeun ge teu sabaraha. Nu diancokeun teh ukur keur lebaran. Bubar lebaran, teuteundeunan ge bubar, erep pisan.
Nganjrek di imah kontrakan sauur-umur. Teu cara batur, bisa meuli imah di Jakarta. Bisa barangbeuli di lembur, meuli kebon, meuli sawah. Bisa ngagedean usaha. Bisa ningkat pacabakan. Ari manehna supir we saumur-umur. Bororaah bisa cara batur...
Wija ngarenghap. Mun palid dina kahirupan kota manehna mah rumasa. Jiga jama beunghar, kana kadaharan teu disungkeret, naon wae nu hayang diasaan. Kana kahirupan peuting kota Jakarta teu tinggaleun. Kana meulian pakean teu kapetolan.  Kajeun duit beak da isuk ge bisa neangan deui.
Ayeuna karasana. Hirup taya robahna. Karunya we anak pamajikan. Kikiriman ka lembur teh taya leuwihna, sasat sesa manehna di Jakarta. Taya keur nambah-nambah pangaboga. Sabulan beak, sabulan beak. Nepika kolotna gegelendeng. Majar teh keur naon usaha jauh-jauh teuing ka kota ari hasilna taya punjulna mah. Nyupiran mah di lembur ge rea ieuh nu bogaeun mobil. Asal daek ngadunungan ka batur....
Dipikiran dibulak-balik, bet karasa benerna. Matak dina lebaran ieu, batur baralik deui ka kota, Wija mah nguatkeun tekad pikeun bumetah di lembur. Kumaha wae resikona... najan enya asa rawing ceuli ku nu nanya; naha can ka Jakarta deui, naha di lembur keneh...?
Sakuduna mah mulang bumetah deui di lembur teh geus kari ngahunang ngahening. Boga bekel nu kandel. Boga modal. Boga keur jalan usaha anyar. Ladang welas-welas taun usaha di Jakarta. Tapi manehna mah: nol pisan teh lain babasaan. Kahirupan di lembur ayeuna nya ngamimitian ti enol deui wae...
Kaduhung, bener-bener kaduhung, naha keur sumanget usaha di Jakarta aing teu apik, ngadon hambur, gerentes hate Wija. Coba mun apik, coba mun prihatin cara batur, coba mun boga tekad kuat ngarobah nasib...meureun moal kieu ieuh. Mangsa geus cape, mangsa geus bosen ku kahirupan Jakarta, mulang ka lembur teh bati bingung. Dasar..ah... Wija garo-garo teu ateul..
Batur mah sarukses usaha di Jakarta teh. Ari manehna?...
Encan Wija mah.... omongan Haji Dede nongtoreng deui. Wija ngorejat. Aya nu nguniang dina dadana. Enya, encan aing mah. Ngan jigana lain kudu di Jakarta. Kudu di lembur sugan, sangkan kahirupan robah teh... Hate Wija noroweco.
“Kang Wija....” Aya nu ngageroan.
Wija ngalieuk. Horeng Hamid, nangtung di luareun saung. Teu kadenge jolna.
“Aeh, Mid... rek ka mana?” Wija nanya.
“Ngahaja milarian Kang Wija. Tadi ditelepon ku Pa Haji Dede, cenah enjing mah jalan jeung Kang Wija da bade damel di anjeunna...” Cek Hamid.
“Enya, Mid. Daek lin buburuh babarengan jeung kuring?”
“Atuh kantenan, Kang.. Bungah we nu aya. Tos sabulan abdi mah teu buburuh da taya supir. Ayeuna aya Kang Wija, deuh... bungahna beh ditueun ti bungah.... Abdi tiasa buburuh deui... Teu enak nganggur teh, Kang...”
Wija nyerengeh. Hate manehna ge bet milu bungah. Aya harepan anyar nu mimiti ngeusian hatena. Rek diniatan ngarobah nasib. Rek ditekadkeun kalayan rosa. Sangkan bisa jiga batur... Najan teu ka kota. Najan di lembur. Moal jadi halangan.
Teu karasa waktu geus tangange. Panon poe moreret. Angin rada tarik,  sora daun pare nu katebak kadenge ngeresek.***
Lembur simpe, Agst. 2012.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar