Elegi Usum Halodo
Unggal usum halodo, enya unggal usum halodo, pikeun Karto mah sagala tigerat. Buburuhaneun langka. Nu nitah macul langka da naon nu rek dipaculna langka cai kieu. Buburuh ngala kalapa beubeunanganana teu sabaraha da buah kalapana oge usum kieu mah saeutik. Bati ngarahuh we. Uyuhan bisa keneh ngabayuan anak pamajikan oge.
Rek milu jeung batur ka Jakarta buburuh di bangunan, kahalangan ku pamajikan nu gering tiktikbrek. Melang teuing mun ditinggalkeun, rek saha nu miara mun kaserang panyakit maneuhna? Pan mun geus kaserang asmana teh mani teu walakaya. Saha nu pangneangankeun obatna? Saha nu rek ngawulaanana. Aya ge budak, Si Oni, leutik keneh can hideng.
Kapaksa tunggon lembur najan sagala walurat oge. Katambah ku usum halodo, tambah deui pagawean teh. Sunge tukangeun imahna saat. Unggal isuk jeung sore ngabekuk nanggungan cai ngeusian ebak.
“Ngalamun wae, uy!” Hiji sora ngagebah Karto. Manehna ngalieuk, horeng Wija geus aya nangtung tukangeunana. Teu kanyahoan ti mana jolna.
“Aeh, Ja, uing mani reuwas...” Karto ngaheheh. “Tas ti mana, Ja? Atawa arek ka mana?”
“Ah, ulin we ka dieu ngahaja...” tembal Wija bari diuk gigireun Karto.
Sakedapan mah Karto jeung Wija ngahareneng. Paneuteup duanana leupas ka tengah sawah nu ngahgar.
“Sok ka mana wae, To, asa heubeul tara panggih?” Cek Wija.
“Ah, aya we, ka mana atuh... Paling ngala suluh euweuh nu nitah gawe mah...” Tembal Karto. “Tuh, suluh mah teu susah geus teu kaasupkeun ka saung suluh ge...”
“Ha ha, heueuh jiga bandar suluh silaing mah. Hanjakal teu jadi duit, nya?”
“Enya, pan. Mun deukeut ka kota mah meureun lumayan jadi receh-receh mah. Cik, atuh, Ja sugan aya jalan piduiteun. Uing mani geus hanaang hayang duit ieu teh...”
“Aya ari daek mah...”
“Gawe naon, euy?” Karto haripeut nanya.
“Tapi peuting gawena..”
“Peuting? Lain ari jadi panca longok mah?” Karto ngaregog deui.
“His, gagabah teuing. Lain euy, ieu mah neangan sasatoan nu sok liar ti peuting atawa beunang diala ari tipeuting, samodel toke, manuk, oray atawa bangkong...”
“Payu kitu?” Karto kataji deui.
“Payu, lumayan we batan nganggur...”
“Ka mana ngajualna?”
“Aya bandarna di Golempang. Gampang duitna, crung-creng tara dianjuk. Hayu ari arek mah, diajar we heula ka uing. Ke peuting disampeur...”
“Enya atuh ah. Di imah ge kalah nundutan, mending barangsiar ari enya jadi piduiteun mah...” Cek Karto sumanget.
“Sip, ke peuting disampeur, nya. Geus rek magrib euy, uing rek mulang heula...” Cek Wija bari cengkat.
Jeung saenyana, ti beulah kaler kadenge sora nu nabeuh bedug magrib. Ngong sora adan...
Wija amitan.
***
TABUH dalapan Wija norojol nyampeur. Samemehna Karto geus bebeja ka pamajikanana rek barangsiar nuturkeun Wija. Susuganan enya aya milik. Make sapatu oblok, huluna dikupluk keur nahan hawa tiris. Ngiclik tukangeun Wija.
Di langit bulan meh sampurna, tanggal tilu belas kitu. Caang ngagembrang. Senter teu pati diperlukeun. Duaan laleumpang meuntas pasawahan nu ngahgar garing. Narabas we teu mapay galengan ieuh. Nu ditujuna lebak Ciliung.
“Susuganan aya oray sanca deukeut leuwi Pongpet. Sugan nu peuting kamari nembongan deui,” cek Wija.
“Kitu kamari peuting ngawenehan?” Cek Karto.
“Enya. Hanjakal rada kagebah, atuh kabur ka leuwi...”
“Badag orayna, Ja?”
“Lumayan. Aya meureun opat meteran mah panjangna teh..”
“Ambuing, gede atuh sagede kitu mah, Ja?”
“Enya. Mun beunang mah lumayan piduiteunana oge..”
“Tapi kumaha newakna oray sagede kitu?”
“Ah, gampang, To. Asal geus kacekel huluna tuluy bulen ku lamak pasti moal walakaya. Duaan mah rada babari, silaing kudu nyekelan buntutna...”
Bari leumpang Karto ngabayangkeun kumaha keur newak oray sakitu gedena. Rada ngarey punduk, tapi disieuhkeun. Lamun jadi piduiteun bari halal, naha make kudu sieun...
Srog ka deukeut leuwi Pongpet nu caraneom. Sora cai ngoletrak kadenge tina curug memeh leuwi. Leumpang Wija ngalaunan, Reg eureun. Matana awas ka beh girang. Beh dinya batu taringgul kasorot cahaya bulan..
“Lakadalah Si Sanca teh nembongan deui. Tuh tempo ngajepat na batu, To...” Cek Wija nuduhkeun.
Enya we oray Sanca ngajepat na batu. Sisitna mani herang katojo cahaya bulan. Teu salah omongan Wija, aya opat meterna eta oray teh...
Wija nyiapkeun cagak nu ti tatadi dipapanggul ku manehna. Eta cagak teh gagangna panjangna aya tilu meterna. Gunana keur ngadengkek beuheung oray samemeh huluna dibulen ku lamak.
“To, tuturkeun uing nya. Engke dengekeun parentah uing, kade ati-ati..” Wija ngaharewos.
Karto unggeuk.
Wija dedempeyan ngadeukeutan oray sanca nu ngajepat dina batu. Sabisa-bisa teu nimbulkeun soara. Karto nuturkeun tukangeunana. Geus deukeut, tanginas Wija metakeun cagak pas ngadengkek kana handapeun hulu oray. Atuh si oray teh pakgurinjal tuluy meulit kana gagang cagak.
“To, buru bulen huluna!” Wija ngagorowok. Oray adug-adugan. Perengkel kana leungeun Wija nu nyekelan cagak. Terus meulit pageuh.
Sieun-sieun ge Karto mulen hulu oray ku lamak warna hideung. Reketek ditalian. Cagak dilesotkeun. Geus dibulen mah teu motah oray teh.
“Ieu tah buntutna nu meulit kana leungeun uing bukakeun, To,” cek Wija. “Bantuan!”
Enyaan ari make tehnik mah geuning babari newak oray sakitu gedena ge. Geus leupas tina leungeun Wija jeung tina cagak, blus kana karungkeun...
“Geus ah sakieu ge meunang dua ratus rebueun mah...” Cek Wija.
“Mahal kitu ari oray sanca hargana?” cek Karto rada ngembang kadu.
“Lumayan we... Hayu ah, ngan kudu digotong...Tah aya awi kebeneran sok pake rancatan...” Cek Wija.
Tunggtung karung ditalian kana awi. Regeyeng we digarotong. Lumayan beurat Si Sanca teh. Wija nu ti hareup. Duanana leumpang ka beulah kidul, mapay-mapay sisian walungan. Palebah tangkal picung nu ngaroyom caraneom, Wija ngarandeg.
“Tuh, tempo pirejekieun deui wae...” Cek Wija.
“Naon, Ja, oray deui?” Karto nanya.
“Lain, tuh...” Wija nuduhkeun ka beulah landeuh. Tembong aya nu ngagelong dua siki.
“Har, naon eta, Ja?”
“Kerud eta mah...” Cek Wija bari ngaheheh.
“Rek diala nya nu kitu ge?” Karto hemar-hemir.
“He he... moal nu kitu mah, To... Keur nahaon da teu payu. Ongkoh ngiar-ngiar ngarontok ka maneh...he he..”
Oray teh lumayan beuratna. Awak Karto geus luut-leet ku kesang. Kitu deui Karto. Leok meuntas sasak gantung. Asrog ka lembur peuntas. Keur nanjak dina jalan...sreng, sreng, sreng lampu senter nyaaangan maranehna. Aya opat jama ngabedega ngahalangan jajalaneun. Karto jeung Wija ngarandeg.
“Saha eta?” Cek jama nu make kupluk.
“Uing Wija...” Tembal Wija.
“Naon eta nu ditanggung dina karung?”
“Oray sanca...”
“Wadul siah... Lauk, nya?” Nu make kupluk nyampeurkeun dituturkeun ku babaturanana.
“Lain, Kang... Oray ieu mah...”
“Wadul siah... keur meuweuh nu maling lauk ayeuna teh. Sia meureun nu kacerek ayeuna ku aing...” Sorana beuki galak. “Nempo siah..”
Karto jeung Wija ngecagkeun karung nu ditanggung. Sreng senter nyaangan karung.
“Gowat buka!” Nyentak.
“Kelanan atuh...”Wija muka tali karung.
Barang karung dibuka, najan hulu oray dibulen, tapi lulunjuk rek kaluar tina karung.
“Bedul, heueuh oray geuning....” Nu make kupluk ngajleng ka tukang. Reuwaseun nempo oray sakitu gedena. “Talian deui siah karungna, aing sieun!”
Teu sangka sentak porongos teh nempo oray mah ngarempod. Wija rada nyerengeh.
“Heueuh hampura uing geus nyangka goreng ka maraneh duaan...” cek Nu Make kupluk sanggeus karung ditalian deui. “Keur rea nu maling lauk pan di ieu lembur teh, kena-kena halodo balong caina meh saraat, gampang ngala laukna. Matak uing sabatur-batur teh keur ngintip-ngintip...”
Karto nu titadi ngahephep rada mentegeg oge hatena. Horeng manehna disangka maling lauk.
Teu pati lila Karto jeung Wija geus ngagarotong deui karung eusi oray sanca. Sapanjang jalan ngalobrolkeun pangalaman dipegat ku urang lembur peuntas. Meh tengah peuting anjog ka imah bandar nu sok meulian sasatoan sabangsa oray, suwike, toke, jeung sajabana. Horeng geus aya batur nu sarua keur ngajual beubeunangan peuting harita. Ngan nu pangalusna nasib mah Karto jeung Wija. Oray teh payu dua ratus lima belas rebu. Karto dibere saratus ku Wija.
“Peuting isukan mah cuang ka beulah lembur Cicarangcang,” cek Wija bari ngincid pangheulana.
“Hayu!” Cek Karto giak. Puguh we asa meunang jalan keur nambah-nambah resiko dapur. Najan tadi kungsi disangka maling lauk, teu ieuh jadi pamikiran ari geus mesakan duit mah.
Bulan di langit ngangkleung sorangan. Hawa tiris usum halodo mani nyelesep. Maranehna terus laleumpang bari arudud. Muru ka lemburna deui.***
Lembur simpe 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar