Ret
kana jam nu naplok dina tembok kamar, karek ge satengah tilu. Jrut turun tina dipan, hawa karasa nyelesep.
Hordeng dibuka-bukakeun. Plong jandela kamar. Hawa seger minuhan rohangan
kamar.
Maesarah
kalaur ti kamarna. Kasampak Diwa, salakina masih sare dina korsi. Buligir teu
dibaju-baju acan. Enya, peuting teh hawa karasa bayeungyang. Geus sabaraha taun
manehna jeung salakina sare masing-masing? Aya kana dalapan taunna. Teu hayang
ngaganggu nu keur tibra, manehna ngaleos ka cai.
Ayeuna
poe Saptu, pagawe pabrik bagian garajihan. Nu balanja sok teu katadah. Ti
kamari Maesarah geus minuhan warungna nu aya di peuntaseun pabrik garmen. Tapi
manehna inget, masih rea keneh barang nu can aya. Wayahna tas subuh manehna
kudu buru-buru ka pasar. Jam genep kudu geus bisa mukakeun warung.
Maesarah
micinta hirupna, pagaweanana. Najan karasa cape, jeung teu kurang pangbayu ti
salaki, manehna tetep tagen. Resep boga panghasilan sorangan teh, teu gumantung
teuing ka salaki. Boga kabebasan finasial sorangan...
Tas
solat subuh Maesarah geus nyerepet na motor muru pasar. Ukur dua puluh menit ge
geus nyampe. Sagala nu rek dibeuli geus aya na uteukna jeung geus apal kudu ka
beulah mana ngajugjugna. Sajam rengse. Mulangna samotor ringkung ku kardus eusi
rupa-rupa balanjaan.
Teu
ka imah heula, tapi tuluy ka warungna. Panon poe mimiti meletek. Mukakeun
gebyog terus palpikpek meresan balanjaan, diatur satempatna-satempatna.
Rupa-rupa barang kabutuhan meh pepek. Ti mimiti kueh-kueh, sabun odol, roko,
katut tektek bengek nu diperlukeun, kumplit. Warung manehna memang jadi pangjugjugan
pagawe pabrik lantaran sagala nyampak.
Geus
rengse, nu balanja mimiti jul-jol. Maesarah ngaladangan sapinuh kacintaanana
kana pagaweanana. Dalehdeh jeung cepet. Teu weleh dibarung ku banyol.
Masih
kaburu nelepon salakina.
“Halo,
Pah? Tos ugah?”
“Atos..”
tembal salakina ti beulah ditu. “Mamah tos di warung?”
“Muhun...
Kanggo sarapan mah tos sayagi... Bade ka mana ayeuna?”
“Biasa
mah..nguseup..”
“Nya,
jig bade nguseup mah. Dugika enjing, nya?”
“Enya...”
Maesarah
nutup teleponna. Biasa mun salakina rek nguseup sok sapoe sapeuting. Datangna
pasti poe minggu isuk-isuk.
“Saha,
Ceu?” Cek saurang lalaki nu balanja.
“Caroge..”
“Caroge?
Kutan Euceu gaduh caroge, manawi nyorangan wae..” Cek eta lalaki bari nyerengeh.
“Nya
gaduh atuh...tukang warung ge manusia...”
“He
he he...Si Euceu mah bisa wae... Pedah we tara tembong ka dieu...”
“Gaduh
kasibukan masing-masing apanan. Euceu di dieu, itu caroge mah damel di tempat nu
sanes...”
“Ohh...”
Jeung
memang enyana salakina mah langka ngalanto ka warung. Saolah-olah teu urusan da
warung mah nu pamajikan, manehna mah teu nyaho nanaon. Keur Maesarah mah teu
jadi masalah. Ongkoh aya kadinya ge sok geregeteun. Najan ngabantuan laladang
kalah loba tatanya ngeunaan harga barang nu dibeuli ku nu balanja da teu
apaleun tea. Jaba manehna ngaladangan, jaba nembalan salaki. Leuwih hade euweuh
di dinya.
Tabuh
satengah tujuh jol Tia, anakna.
“Mamah...”
Cek Tia.
“Ya,
sayang...” Tembal Maesarah. Apal pasti menta duit keur jajan. Song dibere
sapuluh rebu.
“Nuhun,
Mah...” Cek Tia
“Bapa
tos mangkat, Tia?”
“Teu
acan. Bade ka mana kitu bapa, Mah?”
“Biasa
pan nguseup..”
“Ih,
nguseup wae bapa mah taya kabosen...”
Maesarah
nyerengeh.
“Dah
Mamah...” Cek Tia bari ngaleos ka beulah kaler, muru sakolana.
“Dah...”
Beuki
beurang, nu balanja beuki kerep. Maesarah beuki sibuk. Cape. Tapi resep.
Antukna jiga taya kacape.
**
ATIKAH
geus elekesekeng. Nu nyebut rek datang jam tilu sore teh, ayeuna geus meh jam
lima can jol keneh wae. Sms mah sms, tapi teu dibales. Nelepon sarua teu
diangkat. Antukna keuheul...
“Keur
ngeukeupan Si Maesarah ta...” Dadana kahuru rasa timburu.
Lengo
ka jalan. Nu laliwat teh lain deui-lain deui. Pokona mah lamun nepika jam genep
taya ka dieu, ulah harep bisa meunang kasenangan di imah ieu, Maesarah ngancam
lalaki nu dianti-antina.
Tapi
jam lima leuwih dua puluh aya motor asup ka buruan imahna. Tina sora motorna
Atikah apal nu datang teh pasti Diwa. Komo da motorna tuluy diasupkeun ka
garasi, beuki pasti eta teh Diwa.
“Telat-telat
teuing,” Cek Atikah jamedud.
“Biasa...rada
hese indit ti panguseupan. Keur resep lauk rea nu nyorang...” Tembal Diwa bari
celengok nyium pipi Atikah.
“Emh,
bau hanyir....” Atikah nyurungkeun Diwa, ogo. “Ibak heula jig...”
“Enya
atuh da asa rareged..”
“Bade
ku cai haneut?”
“Moal
ah...”
Atikah
ngasongkeun anduk nu geus disadiakeun. Teu lila Diwa ngoloyong ka kamar mandi.
Gebrus mandi, awakna karasa seger. Di ruang makan, Atikah mukakeun tudung saji.
Dahareun geus ngabarak, nang nyiapkeun ti tadi.
“Geura
makan, Kang,” Cek Atikah sanggeus Diwa rengse mandi jeung disalin.
“Siap...
Si Aa mana?” Cek Diwa nanyakan anak Atikah.
“Biasa
diamankeun ka ninina...” Tembal Atikah bari nyerengeh.
Heuleut
satengah jam Atikah jeung Diwa rengse dalahar. Diwa nangkeup Atikah ti
tukang...
“Akang
kangen...” Diwa nyium punduk Atikah..
“Ih,
getek...” Atikah ngajerete.
Tapi
Diwa teu paduli. Manehna beuki sumanget ngagalentoran Atikah.
“Sore
keneh, Kang...” Atikah haroshos.
“Bae...”
Diwa
mangku Atikah ka kamar. Sagalana ngagolak ari geus di jero kamar mah. Beuki
rongkah. Duanana kalebuh dina lautan birahi nu ngagalura jeung ngagairahkeun.
Atikah
apal saha lalaki nu keur ngagalentoran manehna: salaki batur, salaki Maesarah.
Manehna sorangan, najan geus sataun teu puguh jeung salakina, hirup papisah, tapi can resmi karagragan talak. Statusna
masih boga salaki. Tapi manehna yakin, hiji waktu manehna bakal ditalak ku
salakina, sarta Diwa bakal jadi milik manehna sorangan. Lain nu Maesarah, lain
nu batur, tapi nu manehna. Nu manehna sapinuhna.
Naon
nu sok diangen-angenkeun ku manehna ngeunaan lalaki ideal aya dina diri Diwa.
Kasep. Intelek. Enak diajak ngobrol. Muaskeun manehna di tempat sare.
Teu
kawas salakina nu cahuleun pisan. Taya inisiatip, sagala kumaha awewe. Atikah
teu butuh ku lalaki kitu. Lalaki mah kudu jadi pamingpin dina rumah tangga,
lain dipingpin ku pamajikan. Egois di
tempat sare, ukur puas manehna wungkul, ari pamajikan mah teu diperhatikeun.
Beda
tanah ka langit jeung Diwa mah.
Hanjakalna
Diwa masih keneh salaki Maesarah.
Tapi
hiji waktu, nya hiji waktu... Diwa kacida berhargana batan kudu nimbang-nimbang
kasieun disebut ngarebut salaki batur, ngaruntagkeun rumah tangga batur.
Manehna teu paduli...Nu penting Diwa kudu jadi milikna. Kudu! Hiji waktu! Najan
kumaha jalanna...
Geus
meh dua tahun Atikah boga hubungan rencep jeung Diwa, tapi manehna can wani
menta kapastian ditalak ku salakina. Geus dua taun teu dikipayahan, teu jadi
soal da manehna ge boga usaha sorangan nu cukup. Ngan lamun Diwa geus kacekel
omonganana, daek ngawin manehna jeung miceun Maesarah, manehna rek menta
ditalak.
Sagala
kabisa nu dipiboga ku Atikah dina ngirut Diwa, diketrukeun sangkan eta lalaki
teu bisa hojah ti manehna. Teu bisa leupas ti manehna. Sasat dipitapak. Engke
geus karingkus sagemblengna, tinggal manehna nu ngadalianana. Tapi saayeuna
manehna ngarasa Diwa masih keneh bimbang. Enya teu pernah nguciwakeun manehna,
tapi kanyaahna ka Maesarah masih aya keneh. Satekah polah manehna keur mupus
Maesarah dina hate Diwa...
Atikah
yakin....yakin pisan...hiji waktu Diwa bakal ninggalkeun Maesarah.
Hiji
waktu bakal ngawin manehna.
Hiji
waktu... Nya hiji waktu...
Najan
teuing iraha....
**
DEWI
keur nginget-nginget deui jaman manehna SMA di Ciamis. Dua puluh tilu taun geus
kaliwat. Teu karasa, asa anyar keneh horeng geus kaliwat puluhan taun. Tapi rea
keneh panineungan nu karasana endah. Paingan cenah mangsa SMA mah mangsa
pangendah-endahna, tuda enya kitu pisan.
Inget
ka babaturanana nu bageur. Nu pikalucueun. Nu pikasebeleun. Utamana inget ka
urut kabogohna jaman SMA: Diwa. Dadana teu weleh ngageter lamun inget ka
manehna. Diwa, Diwa... Aneh puguh, eta lalaki teu leungit-leungit tina kalbuna.
Najan geus kasaput waktu sakitu puluh taun, perasaan manehna ka Diwa taya
robahna saeutik ge. Tetep micinta. Tetep miharep bisa papanggih deui. Tetep,
tah ieu nu leuwih aneh, bisa ngahiji dina hirup rumah tangga. Padahal manehna
geus rumah tangga. Diwa oge pasti geus rumah tangga.
Carita
hirup memang taya nu bisa neguh. Jiga tatarucingan nu hese jawabanana. Tapi
kadang pinuh ku nu teu disangka-sangka. Nya, teu sangka Dewi oge bakal
papanggih deui jeung Diwa.
Basa
ngalongok kolotna di Ciamis, hiji waktu Dewi aya perlu ka kota, di parkiran
Pajajaran ari gok teh jeung... Diwa!
“Diwa!
Ieu teh Diwa?” Dewi meh ngagoak nempo lalaki nu hirup na kalbuna beurang jeung
peuting aya hareupeunana.
“Muhun...”
Tembal Diwa, jiga nu asa-asa ka manehna.
“Ning
jiga nu teu emut ka abi, Di?” Dewi asa kuciwa.
“Ah,
henteu...mung asa teu percanten we. Dewi, kan?”
“Ah,
Diwa mah...enya atuh ieu teh Dewi. Piraku hilap...”
Inget
jaman SMA, Dewi jeung Diwa, sok disaleongkeun Dewi jeung Dewa ku babaturanana
mah.
“Moal
hilap dugika iraha wae ge...” Cek Diwa.
“Sami
atuh...”
Ngaheneng
sakeudeung. Dewi ngararasakeun hatena nu ujug-ujug ngagalura. Mun teu era ku
jalma nu tas baralanja mah manehna hayang ngagabrug Diwa. Nangkeup Diwa
satakerna...
Diwa
ngajakan Dewi ka rumah makan nu teu pati jauh ti dinya. Kabeneranana teh teu
pati rea jalma nu dalahar. Atuh rada nyalse ngobrol oge.
“Diwa
tos sabaraha putra?” Cek Dewi.
“Dua...pameget
sadaya. Dewi?”
“Nol...”
Cenah bari nyerengeh.
“Nol
kumaha maksadna?” Diwa bangun nu heran.
“Nol...teu
acan gaduh hiji-hiji acan...”
“Har,
naha?”
“Teu
acan dipercanten we ku Gusti Alloh...”
Rea-rea
deui obrolan harita. Ngaguar panineungan mangsa papacangan keur SMA.
Nya
ti harita kalbu Dewi asa kabetot deui ku mangsa lawas. Mangsa jeung Diwa
ngarenda carita asih. Jadi sering nelepon. Jadi sering mulang ka Ciamis,
nepungan Diwa. Atawa Diwa nu ka Bandung, nepungan Dewi.
Nepika
Dewi boga angen-angen kieu, bae manehna rek menta talak ka salakina, da
bonganna teu daek boga budak. Cek dokter, salakina nu mandul. Bae dicandung ku
Diwa oge...
***
DIWA
nyemprung na motor nembus hawa peuting. Dina tonggongna nyorendang tas nu
eusina jeujeur. Hawa halodo karasa tiris.
Cikeneh
Dewi nelepon. Untungna manehna geus kaluar ti imah Atikah.
Hate
Diwa bimbang.
Maesarah...geus
puguh pamajikanana.
Atikah...lebar
ku geugeutna jeung motahna di tempat sare.
Dewi...panineungan
lawas nu ngajirim deui.
Hhhhhh...kudu
milih mana ieu aing? Bet asa jadi arjuna... Nu mana nu kudu dipiceun. Atawa
arah tiluanana?
Motor
terus ngadius.
Meulah
peuting.
Meulah
tirisna hawa.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar