TANGGAL 24 Februari 2013 nu bakal datang, urang Jawa Barat bakal milih Gubernurna nu anyar. Loba harepan nu diteundeun ka sing saha wae nu kapilih. Salianti maranehna boga kawijakan jeung tarekah pangwangunan nu ditujukeun keur ningkatkeun karahjaan masarakat Jawa Barat, oge maranehna kudu ningkatkeun kamekaran budaya Sunda. Ulah nepika naon nu dijalankeun jeung diucapkeun ku maranehna malah ngaleungitkeun budaya Sunda.
Nu makalangan jadi cagub Jabar teh lima pasang, saha di antarana nu boga kadeudeuh kana budaya Sunda? Pasangan nomer 1 ti jalur independen Dikdik Mulyana - Cecep Toyib, sabenerna rada asing keur kareaan masarakat mah. Rada hese ditoongna kadeudeuh kana budaya Sundana. Pasangan kadua Kang Yance - Tatang F, enya urang Sunda kabehanana oge, tapi salila ngajabat jadi Bupati Indramayu jeung Bupati Tasik teu pati kadenge ketakna kana kamekaran budaya Sunda. Pasangan nu katilu Dede Yusuf - Lex Laksamana, husus Dede Yusuf rada katingali kanyaahna kana budaya Sunda, bubuhan manehna mimiti karir tina dunya seni (filem). Salila jadi wagub oge rada tembong tarekahna kana budaya Sunda najan lantaran heureutna kakawasaan cagub jadi kurang gede aweuhanana. Pasangan kaopat Aher - Dedy Mizwar, bisa diharepkeun ti tokoh Dedy Mizwarna lantaran inyana memang ancrub di dunya seni (filem). Bisa jadi kontradiktif jeung Aher nu rada teu pati ngadukung budaya Sunda, kungsi patelak jeung budayawan Sunda perkara Jaipongan. Pasangan kalima Rieke- Teten Masduki, rada neundeun harepan lantaran Rieke memehna ancrub di dunya seni (sinetron).
Jadi, nu mana nu paling pantes dipilih bari disawang bakal nyaah kana kamekaran budaya Sunda. Dede Yusuf jeung Rieke bisa rada diandelkeun. Dedy Mizwar lantaran posisina Cawagub rada teu pati bisa diandelkeun lantaran wagub mah ban serep nu teu pati boga kakawasaan nu lega.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar