Toko Online@Bajuku

Rabu, 09 Januari 2013

CARPON


Nu Teu Mulang Tas Lebaran



KAASUP alus milik, basa Wija isuk-isuk datang ka imah Haji Dede, kasampak keur aya. Malah tembong nyalse, Haji Dede keur maca koran dina terlas hareup. Biasana Haji Dede mah jarang di imah, hese hayang panggih teh, malum pangusaha nu keur meumeujeuhna nanjung.
“Aeh, geuning urang kota teh aya keneh di lembur?” Cek Haji Dede bari nilepan koran.
Wija ngaheheh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Batur mah nu marudik teh geus baralik deui ka kota, ari maneh Ja, naha aya keneh di lembur?” Haji Dede mencrong Wija.
“Muhun, Pa Haji... Abdi mah moal ka kota deui da... Bade teras di lembur we ayeuna mah... Hoream ka kota deui teh abdi mah...” Cek Wija. Hatena mah rada era nyarita kitu teh...
“Sukur atuh ari geus rek bumetah di lembur mah... Teu kurang-kurang sumber kahirupan mah di lembur ge... Sukur....sukur lah, bungah lembur nambahan deui warga, moal tariiseun teuing ditaringgalkeun ku nu nareangan kipayah ka kota...”
Wija nyerengeh.
“Namung da abdi mah kapaksa, Pa Haji...”
“Har, kapaksa kumaha? Mun teu salah ngitung mah Wija teh usaha di kota geus aya kana lima welas taunna... Meureun meujeuhna geus boga bekel keur hirup di lembur... Piraku rek saumur-umur usaha di kota wae, teu inget balik deui ka lembur...”
“Nya muhun nu sarukses mah Pa Haji... Nu nasibna sae sareng arageung modal mah mendakan kasenangan usaha di kota teh... Abdi mah ukur tinggal daki we di kota ge... “Cek Wija. Luk tungkul.
“Euh, kutan kitu nya?”
“Sumuhun, Pa Haji....”
“Enya ketang nya, nasib meureun nu kuat mah... Tapi ketang pan cenah nasib mah bisa dirobah, nya?”
Wija unggeuk.
“Hartina nasib mah kumaha patekadan urang. Mun urang kuat tekad dina ngarobah nasib, nya nasib ge bisa robah. Lamun teu kuat atawa satengah-satengah tekad urangna, meureun nasib ge moal bisa robah...”
Wija ngeluk deui wae.
“Atuh soal modal, ah kuring apal Ja urang dieu nu sukses usaha di kota. Itu  Si Sapri tina ukur dagang baso dina roda pan ayeuna mah cenah bisa meuli ruko. Dagang basona ge di ruko ayeuna mah. Padahal mun dipikir tina modal dagang baso dina roda mah, sabaraha gede modalna, sabaraha untungna? Tapi meureun manehna mah apik bakat hayang ngarobah nasibna...”
Teu lemek, Wija beuki ngeluk.
“Si Toha deui, tina supir angkot ayeuna mah jadi juragan angkot. Si Udeng, mimitina buburuh ngaduk, ayeuna mah bisa jadi pemborong...”
“Muhun pan nu sanes mah, Pa Haji... Sarae milikna... Abdi mah angger we petot kahirupan teh...” Cek Wija karek nembalan.
Haji Dede ngaheheh.
“Ah, ulah dipake leutik hate, Ja... Encan Wija mah... Pan cek kuring ge nasib mah bisa dirobah asal kuat tekad dina ngarobahna. Teu di kota teu di lembur pikeun jadi jalma sukses mah taya halangan. Modal ulah jadi halangan. Rea jalma nu tadina modal leutik tapi ari bisa mah ngaturna bet jadi beunghar. Kuring ge cicing di lembur, lain agul Ja, cek batur mah pan disebut sukses...”
“Sumuhun..”
“Terus, Wija ayeuna di lembur rek usaha kana naon?”
Memeh nembalan Wija ngarenghap heula.
“Nyaeta Pa Haji, abdi teh teu acan gaduh totoongan bade naon-naonna. Namung saheulaanan mah mamanawian abdi teh bade nyuhunkeun tulung ka Pa Haji, manawi aya padamelan nu tiasa dipidamel ku abdi...” Cek Wija neger-neger maneh ngomong sakitu ge. Rumasa era geus kapeupeuh ku omongan Haji Dede cikeneh.
“Ah, era ngagawekeun urang kota mah...” Haji Dede ngaheheh.
“Teu kenging kitu Pa Haji...sing hawatos we ka abdi...” Beungeut Wija ngadadak nyiak beureum. Era.
“Emh, hampura ketang Ja, heureuy kuring mah... Nya ari arek buburuh di kuring mah pek wae... Kabeneran aya tilu mobil treuk nu nganggur euweuh supiran teh, supirna ka karota... bisa nyupir keneh lin?”
“Tiasa, atuh Pa Haji...Pan di Jakarta ge abdi nyupiran damel teh....” Tembal Wija giak.
“Nya atuh mimiti isuk we gawena. Kabeneran tas lebaran teh loba order ngangkutan batu ka proyek perumahan di Cisaga. Asa kabeneran, teu kudu riweuh neangan supir. Mobilna nu Z 7610, Ja... Jagjag mobilna mah... Tapi jig we ilikan ku sorangan. Kenekna Si Hamid..apal lin ka Si Hamid? Eta anakna Mang Cece..”
“Terang, Pa Haji...”
“Enya, jig we ilikan mobilna...”
Sanggeus nganuhunkeun ka Haji Dede mah, Wija ngoloyong ka garasi mobil Haji Jaja. Aya tilu mobil treuk nu ngabagug di garasi teh. Nu sejenna mah tangtu keur jaralan, da rea mobil treuk Haji Dede teh. Mun teu salah aya kana tujuh belas sikina.
Wija nyampeurkeun mobil treuk nu nomer polisina Z 7610 TB. Enya jiga jagjag keneh. Tina cetna oge katempo mulus, bubuhan asak piara meureun. Kalacat naek kana mobil, konci kontakna ngagantung. Jegur dihirupan, didedengekeun sora mesinna.
Enya, jagjag ieu mah, gerentes Wija. Teu lila mesin mobil dipareuman. Jrut turun, tuluy taang toong ka kolong mobil, nempoan handapan. Per aralus, taya nu potong. Ban sakitu mah garaling keneh. Tinggal mecut we...

**

MULANG ti Haji Dede teu tuluy mulang ka imah. Tapi mengkol ka pasawahan. Nu ditujuna taya lian saung sawah nu bapana.
Panonpoe keur meujeuhna manceran. Keur usum halodo, tapi sawah di lembur manehna mah taya nu kagaringan da boga irigasi nu kawilang kuat caina. Pare keur meumeujeuhna hejo, sawareh tembong mangsa rareuneuh. Angin rada tarik nebak awak Wija.
Anjog ka sawah nu bapana,  Wija tuluy muru saung. Gek diuk. Kesang renung dina tarangna. Tapi kesang nu karasana enak kana awak, lain kesang lantaran baringsang ku panasna hawa Jakarta, tempat manehna nyiar kipayah welasan taun ka tukang.
Gek Wija diuk dina talupuh saung. Nempo ka jauhna satungtung ngaplakna sawah. Karasa tingtrim. Nu keur ngalongokan sawah parentul na galengan. Ti beulah wetan aya manuk kuntul ngalayang muru wates pasawahan....
Pikiran Wija ngacacang ka waktu nu geus kaliwat. Mangsa manehna usaha di Jakarta. Wayah kieu bororaah bisa nyalse, teu kawas ayeuna di lembur. Keur meumeujeuhna paheuras-heuras bitis di Jakarta mah... Gawe jadi supir Mayasari, hawa panas, macet teu anggeus-anggeus...hhhh, najan geus teu dilakonan deui bet ku manehna masih  keneh karasa capena, ripuhna... Dipikir-pikir ayeuna mah uyuhan we bisa tahan welas-welas taun kitu...
Keur Wija, omongan Haji Dede tadi teh asa nyindiran ka manehna. Enya batur mah sarukses, ari manehna mulang ka lembur teh ngaligincing. Ladang usaha beak keur kahirupan sapopoe. Bisa neundeun ge teu sabaraha. Nu diancokeun teh ukur keur lebaran. Bubar lebaran, teuteundeunan ge bubar, erep pisan.
Nganjrek di imah kontrakan sauur-umur. Teu cara batur, bisa meuli imah di Jakarta. Bisa barangbeuli di lembur, meuli kebon, meuli sawah. Bisa ngagedean usaha. Bisa ningkat pacabakan. Ari manehna supir we saumur-umur. Bororaah bisa cara batur...
Wija ngarenghap. Mun palid dina kahirupan kota manehna mah rumasa. Jiga jama beunghar, kana kadaharan teu disungkeret, naon wae nu hayang diasaan. Kana kahirupan peuting kota Jakarta teu tinggaleun. Kana meulian pakean teu kapetolan.  Kajeun duit beak da isuk ge bisa neangan deui.
Ayeuna karasana. Hirup taya robahna. Karunya we anak pamajikan. Kikiriman ka lembur teh taya leuwihna, sasat sesa manehna di Jakarta. Taya keur nambah-nambah pangaboga. Sabulan beak, sabulan beak. Nepika kolotna gegelendeng. Majar teh keur naon usaha jauh-jauh teuing ka kota ari hasilna taya punjulna mah. Nyupiran mah di lembur ge rea ieuh nu bogaeun mobil. Asal daek ngadunungan ka batur....
Dipikiran dibulak-balik, bet karasa benerna. Matak dina lebaran ieu, batur baralik deui ka kota, Wija mah nguatkeun tekad pikeun bumetah di lembur. Kumaha wae resikona... najan enya asa rawing ceuli ku nu nanya; naha can ka Jakarta deui, naha di lembur keneh...?
Sakuduna mah mulang bumetah deui di lembur teh geus kari ngahunang ngahening. Boga bekel nu kandel. Boga modal. Boga keur jalan usaha anyar. Ladang welas-welas taun usaha di Jakarta. Tapi manehna mah: nol pisan teh lain babasaan. Kahirupan di lembur ayeuna nya ngamimitian ti enol deui wae...
Kaduhung, bener-bener kaduhung, naha keur sumanget usaha di Jakarta aing teu apik, ngadon hambur, gerentes hate Wija. Coba mun apik, coba mun prihatin cara batur, coba mun boga tekad kuat ngarobah nasib...meureun moal kieu ieuh. Mangsa geus cape, mangsa geus bosen ku kahirupan Jakarta, mulang ka lembur teh bati bingung. Dasar..ah... Wija garo-garo teu ateul..
Batur mah sarukses usaha di Jakarta teh. Ari manehna?...
Encan Wija mah.... omongan Haji Dede nongtoreng deui. Wija ngorejat. Aya nu nguniang dina dadana. Enya, encan aing mah. Ngan jigana lain kudu di Jakarta. Kudu di lembur sugan, sangkan kahirupan robah teh... Hate Wija noroweco.
“Kang Wija....” Aya nu ngageroan.
Wija ngalieuk. Horeng Hamid, nangtung di luareun saung. Teu kadenge jolna.
“Aeh, Mid... rek ka mana?” Wija nanya.
“Ngahaja milarian Kang Wija. Tadi ditelepon ku Pa Haji Dede, cenah enjing mah jalan jeung Kang Wija da bade damel di anjeunna...” Cek Hamid.
“Enya, Mid. Daek lin buburuh babarengan jeung kuring?”
“Atuh kantenan, Kang.. Bungah we nu aya. Tos sabulan abdi mah teu buburuh da taya supir. Ayeuna aya Kang Wija, deuh... bungahna beh ditueun ti bungah.... Abdi tiasa buburuh deui... Teu enak nganggur teh, Kang...”
Wija nyerengeh. Hate manehna ge bet milu bungah. Aya harepan anyar nu mimiti ngeusian hatena. Rek diniatan ngarobah nasib. Rek ditekadkeun kalayan rosa. Sangkan bisa jiga batur... Najan teu ka kota. Najan di lembur. Moal jadi halangan.
Teu karasa waktu geus tangange. Panon poe moreret. Angin rada tarik,  sora daun pare nu katebak kadenge ngeresek.***
Lembur simpe, Agst. 2012.

CARPON




Mang Sodik

  
TEU pernah kuring manggihan jalma nu tina beungeutna teu weleh nembongkeun sumanget salainti Mang Sodik. Teu pernah. Sanajan keur cape, cahaya sumangetna tetep aya. Teu pernah pareum. Teu pernah aya kasedih. Kadang kuring ngagerentes, tina naon hate Mang Sodik dijieunna sahingga dina ekspresi beungeutna nu nembrak teh sumanget, sumanget jeung sumanget. Saolah-olah ieu dunya teh teu weleh ngagumbirakeun, taya kasusah. Padahal Mang Sodik teh ukur tukang bubur hayam nu tiap isuk ngadodorong gorobag  ngiderkeun daganganana...
Sora mangkokna nu ditakolan ngagambarkeun sumangetna. Ting ting ting...ting ting ting... Ritmena mandiri. Jalma sakomplek ieu mah apal, pasti Mang Sodik keur dagang bubur hayam. Ibu-ibu nu marales masak isuk-isuk pasti gura-giru kaluar ti imahna, megat Mang Sodik... Meuli buburna...
“Mang Sodik...bubuuurrrrr!”
“Mangga, Bu... Bade sabaraha mangkok?” Tembal Mang Sodik bari nyampeurkeun ngadorong rodana. Sora kreot-kreot tina roda gorobagna nu geus kolot...tah sarua kadenge sumangetna, beuki cepet.
“Dua mangkok we, Mang...”
“Sagorobag oge mangga, Bu, he he he... Ah, punten bu, heureuy...”
Nu rek meuli kadenge nyeuleukeuteuk.
“Hawatos nu sanes atuh Mang dipeser sadaya ku abdi mah...”
“Muhun ketang nya Bu he he...”
Biasana mah Mang Sodik tuluy talete.
“Nganggo kacang, Bu?”
“Saalit we, Mang..”
“Ladana?”
“Ah, teu kenging diladaan...kanggo budak da..”
Pon kitu deui mun nu meuli menta ditambahan naon-naonna.
“Daging hayamna ditambihan atuh, Mang..”
“Siap, Bu..” Bari bru ditambahan, teu tembong nyaah.
“Kecapna sing seueur, Mang..”
“Mangga, mangga....” Kecrot-kecrot kecapna ditambahan.
Jeung pamenta nu sejenna. Mang Sodik teu weleh ngaladenan nu meuli buburna kalayan sumanget jeung darehdeh. Jigana enya-enya manehna mah make filosopi “nu meuli teh raja”. Manehna hamba nu meuli. Rasa buburna mandiri, beda jeung nu batur. Pernah kuring iseng, mangkok eusi bubur teh dibalikeun, ajaib buburna henteu ragrag. Napel dina mangkokna bakating ku kentel.
Saentas ngaladenan nu meuli, manehna ngeureuyeuh deui. Nyampeurkeun langgananana nu geus ngadaragoan. Manehna mah tara gogorowokan natawarkeun daganganana. Cukup ku narokan mangkok, jalma sakomplek eta mah geus arapaleun.
Gorobagna memang geus kolot, tapi teu weleh bersih. Teu matak kagok nu mareuli. Dina kaca gorobagna aya tulisan tina sekotlait: BUBUR AYA MANG SODIK. RAOS PISAN. Beh ditu memang tulisanana lengkep: BUBUR AYAM... Tapi jigana hurup “M” na ragrag jeung teu pernah diganti deui...
Hiji waktu mah kuring kungsi ngomentar kana eta tulisan. “Hurup M – na ka manakeun, Mang?”
“He he, ragrag duka dimana. Tadina AYAM, eh terang-terang jadi AYA...” Cek Mang Sodik bari nyerengeh.
“Boa kagalohkeun kana bubur?” Kuring ngabanyolan.
“He he duka tah upami diarala kunu meser mah...” tetep nyerengeh.
“Naha atuh sanes diganti?”
“Ah, keun wae, Pa, malah sae janten ciri khas. Ongkoh bade AYAM, bade AYA, sadayana ge pada terang Mamang mah jualan bubur ayam, sanes nu lian he he..”
Kuring mesem. Alus tah alesanana teh....
Beh dieu, hurup S – na oge leungit. Atuh ayeuna mah kabacana teh: BUBUR AYA MANG ODIK... Teu komen kukumaha.. Asana mun ditanyakeun ge jawabna teh moal jauh ti kieu: “Ragrag duka di mana... Terang-terang janten ODIK we. Ongkoh bade SODIK bade ODIK jamana mah nu ieu-ieu keneh, he he..” Enya SODIK jeung ODIK mah teu pati pajauh ieuh...
Hiji waktu kuring jadi meuli bubur Mang Sodik nu pangpandeurina. Daganganana erep. Manehna ngitung duit ladang isuk eta. “Alhamdulillah...” Kadenge ngagerendeng bari ngabagi tilu duitna.
Kuring teu tahan pikeun nanya.
“Dibagi tilu kitu artos teh, Mang? Boa-boa keur mahugi sawareh?” Cek kuring.
“Ah, Si Bapa mah, bujeng-bujeng mahugi... Ieu mah modal..” Cek Mang Sodik bari nembongkeun bagian duit nu panglobana...”Nu ieu kanggo resiko dapur...” Manehna nembongkeun nu rada saeutik...”Tah nu ieu mah kanggo nabung...” Manehna nembongkeun duit nu kira-kira teh sarua jeung nu bagian kadua.
“Oh, sok nabung nya, Mang?”
“Nya, saalit-saalit, Pa... Tapi kieu cara mamang mah, dipisahkeun hancenganana samemeh dugika bumi. Ngahaja-haja hoyong nabung bari ngantosan sesa tina kaperluan mah, walah tara hade, seep deui seep deui. Alhamdulillah ku cara kieu mah tiasa gaduh sisimpenan. Yah, saha nu terang tiasa dianggo ongkos munggah haji he he...” Mang Sodik nyeuleukeuteuk tungtungna teh.
“Upama Mamang gaduh niat, naon wae bisa laksana, teu aya nu mustahil asal usahana soson-soson...” Cek kuring daria. Kuring teu nganggap omongan Mang Sodik tadi salaku heureuy. Mungkin wae manehna memang boga niat hayang munggah haji, saha nu apal. “Ku abdi didungakeun muga-muga Mamang tiasa munggah haji...”
“Amin...”
Sabenerna harita basa tas jajan bubur hayam Mang Sodik kuring kungsi mikir. Jalma leutik saperti Mang Sodik kadangkala ngalakukeun hal nu teu dilakonan ku jalma rea. Soal nabung misalna, kuring sorangan teu weleh hayang nabung, tapi teu pernah laksana. Kuring teu bisa nyisihkeun gajih pikeun nabung, kabeh erep keur pangabutuh. Kadangkala malah kurang, teu mahi sabulan gajih teh. Nabung teh jadi angen-angen we, mun geus rada ibur rek aya gajih ka 13 sok ngagerentes rek nyisihkeun keur nabung. Tapi mangsa kaluar mah bororaah bisa nabung, kabeh erep deui wae. Jalma saperti Mang Sodik cek kuring mah luar biasa. Najan panghasilanana leutik, tapi nyatana bisa nabung. Enya ketang, nabung teh sabenerna lain soal gede leutikna panghasilan, tapi gumantung kana kuatna niat dina nyisihkeun panghasilan...
Mang Sodik terus ngalakonan rutinitasna, jadi bagian di komplek paimahan ieu. Tiap isuk manehna ngadodorong gorobag dagang bubur hayamna. Jigana, taya saurang ge di dieu mah nu teu kungsi ngarasakeun kumaha pedona bubur hayam buatan Mang Sodik.
Aya diperlukeun. Mun pareng taya, jalma kaleungitan. Jalma silih tanya, ka mana Mang Sodik teu dagang. Sakali-sakali Mah Mang Sodik memang kungsi teu dagang, alatan gering atawa aya kaperluan ngadadak..
***
LIMA taun kuring pindah pagawean. Salila eta kuring teu pernah tepung deui jeung Mang Sodik. Lamun urut babaturan gawe teu hajatan mah, meureun kuring moal papanggih deui jeung Mang Sodik.
Make batik, kuring pangling nempo Mang Sodik. Beungeutna katempo leuwih ngeusi ayeuna mah. Tetep mancarkeun sumanget hirup nu teu pernah pareum. Angger darehdeh jiga bareto. Manehna nu pangheulana nanya teh...
“Masya Allah, ieu teh Pa Nana?” Cek Mang Sodik bari ngeupeul leungeun kuring pageuh pisan.
“Muhun, Mang, teu hilap kitu?” Cek kuring.
“Ah, piraku hilap atuh Pa, kapungkur pan Pa Nana pelanggan setia bubur hayam Mamang...he he...” Seurina masih cara bareto. “Damel di mana ayeuna Pa Nana teh?”
“Tebih Mang ayeuna mah, di pasisian....”
“Tos janten Kepala Sakola pastina oge nya?”
Kuring unggeuk.
“Alhamdulillah, Allah Maha Kawasa...”
“Masih icalan bubur hayam?”
“Masih, Pa. Upami teu icalan bubur hayam bade diparaban naon kulawarga Mamang he he he. Tapi ayeuna mah henteu dina roda, tapi gaduh kios nyalira di ruko payuneun komplek. Tos teu kaduga ngododorong rodana...he he...”
“Alhamdulillah aya kamajengan atuh...” Luar biasa tina tukang bubur hayam nu make gorobag, ayeuna geus boga kios sorangan bari dina ruko. Sabaraha nyewana oge, tangtu puluhan juta, ck ck ck...
“Yah, lumayan pa ladang tina nabung saalit-saalit..”
Kuring moal poho kana hal nabung tina diri Mang Sodik. Keur kitu aya saurang ibu-ibu ngaliwat.
“Eh, Pa Haji, sareng saha ka dieu?” Pokna. Jelas pisan ditujukeun ka Mang Sodik.
“Nyalira we. Si bibi nuju kanceuh rematikna...” Tembang Mang Sodik.
“Oh..mangga atuh.”
“Mangga, Bu.”
Pa Haji?
“Mamang tos janten haji ayeuna mah?” Cek kuring hayang ngayakinkeun. Luar biasa deui. Lima taun teu papanggih Mang Sodik geus nyieun kaajaiban hirup nu teu kabayangkeun ku kuring.
Mang Sodik ngaheheh.
“Alhamdulillah, Pa, abdi dipaparin rejeki ku Alloh kanggo ibadah haji.”
“Aduh, atuh hapunten...abdi kedah nyebat Pa Haji atuh ayeuna mah...” Cek kuring dibarung ku rasa ajrih.
“Ah, teu kedah, Pa. Abdi leuwih resep disebut Mamang we cara kapungkur he he .. Teu kedah nganggo emebel-embel haji. Aya nu langkung haji batan abdi....“
“Tulisan dina kios masih Bubur Aya Mang Odik nya sapertos dina gorobag?”
Mang Sodik mani ngehkey..
“Muhun, Pa, masih kitu...Etang-etang trade mark abdi eta mah...”
Teu lila kuring jeung Mang, eh Haji Sodik, papisah. Ujug-ujug kuring ngarasa era sorangan ku Mang Sodik. Manehna nu tukang bubur hayam geus bisa munggah haji. Kuring nu jadi guru, malah kepala sakola ayeuna mah, bari disarebut Pa, Bapa, bari pinuh rasa hormat, teu bisa jiga Mang Sodik. Teuing iraha bisa munggah haji.***

lembur simpe, 2013




Selasa, 08 Januari 2013

Majalah Mangle Kudu Dijadikeun "Warisan Budaya" Sunda


PIKEUN urang Sunda nu resep maca mah, moal bireuk deui ka majalah Mangle. Majalah basa Sunda nu umurna geus leuwih ti 50 taun teh nepika ayeuna masih keneh ngeureuyeuh. Najan enya kurang bisa ngaraeh pembaca anyar ti kalangan ngora, tapi alhamdulillah majalah Mangle masih bisa hirup ngahirupkeun kasusasteraan Sunda. Hiji tarekah nu luar biasa, langka aya majalah basa daerah nu bisa hirup nepika 50 taun leuwih. Hal ieu tangtu mangrupakeun hasil kaparigelan rerengrengan rumpaka Mangle dina mertahankeun majalah Mangle.

Ngan pananya kuring nu matak jadi hariwang teh: rek nepika iraha majalah Mangle bisa eksisna? Sabab beuki dieu oplahna beuki ngorotan. Pelanggan nu umurna geus kolot narungtutan maraot. Sedengkeun pembaca anyar ti kalangan barudak ngora teu sabaraha jumlahna. Lain hal mustahil hiji waktu majalah Mangle bisa almarhum.

Kumaha atuh sangkan majalah Mangle bisa langgeng? Kuring boga usul, kumaha lamun majalah Mangle teh dijadikeun "warisan budaya Sunda" nu tanggung jawabna aya dina kakawasaan pamarentah. Salagi majalah Mangle masih bisa hirup saperti ayeuna, campur tangan pamarentah ulah loba teuing. Tapi lamun majalah Mangle geus rek tigurawil, kudu aya tarekah pamarentah nyieun PERDA nu ngajenengkeun majalah Mangle salaku "warisan budaya Sunda", nu kawajiban pikeun ngahirup-huripkeunana aya di pamarentah daerah Jawa Barat. Pemda Jabar kudu ngalokasikeun anggaran sangkan majalah Mangle bisa tetep hirup. Lamun perlu majalahna dibagikeun gratis ka sakumna nu hayangeun maca.

Eta mah usulan lamun majalah Mangle kaayaanana geus pikahariwangeun. Tapi salagi masih bisa hirup mah, Pemda Jabar teu kudu loba ilubiung ari lain nambahan modal keur Mangle mah. Usulan ieu mah sabab kacida cintana kuring ka majalah Mangle sarta hayang majalah Mangle langgeng salilana.**

CARPON

Elegi Usum Halodo


PANON POE mangsa tunggang gunung. Angin sore karasa ngahiliwir. Karto nu keur diuk dina korsi awi di buruan imahna, neuteup kajauhna. Ka pasawahan nu ngahgar lantaran usum halodo. Tembong tunggul-tunggul jarami, gararing. Taneuh-taneuh bareulah. Kabeh saperti ngagambarkeun kateuwalakayaan lantaran hujan geus meh genep bulan teu embol-embol. 

Unggal usum halodo, enya unggal usum halodo, pikeun Karto mah sagala tigerat. Buburuhaneun langka. Nu nitah macul langka da naon nu rek dipaculna langka cai kieu. Buburuh ngala kalapa beubeunanganana teu sabaraha da buah kalapana oge usum kieu mah saeutik. Bati ngarahuh we. Uyuhan bisa keneh ngabayuan anak pamajikan oge. 

Rek milu jeung batur ka Jakarta buburuh di bangunan, kahalangan ku pamajikan nu gering tiktikbrek. Melang teuing mun ditinggalkeun, rek saha nu miara mun kaserang panyakit maneuhna? Pan mun geus kaserang asmana teh mani teu walakaya. Saha nu pangneangankeun obatna? Saha nu rek ngawulaanana. Aya ge budak, Si Oni, leutik keneh can hideng. Kapaksa tunggon lembur najan sagala walurat oge. Katambah ku usum halodo, tambah deui pagawean teh. Sunge tukangeun imahna saat. Unggal isuk jeung sore ngabekuk nanggungan cai ngeusian ebak. 

“Ngalamun wae, uy!” Hiji sora ngagebah Karto. Manehna ngalieuk, horeng Wija geus aya nangtung tukangeunana. Teu kanyahoan ti mana jolna. 

“Aeh, Ja, uing mani reuwas...” Karto ngaheheh. “Tas ti mana, Ja? Atawa arek ka mana?” 

“Ah, ulin we ka dieu ngahaja...” tembal Wija bari diuk gigireun Karto. Sakedapan mah Karto jeung Wija ngahareneng. Paneuteup duanana leupas ka tengah sawah nu ngahgar. 

“Sok ka mana wae, To, asa heubeul tara panggih?” Cek Wija. 

“Ah, aya we, ka mana atuh... Paling ngala suluh euweuh nu nitah gawe mah...” Tembal Karto. “Tuh, suluh mah teu susah geus teu kaasupkeun ka saung suluh ge...” 

 “Ha ha, heueuh jiga bandar suluh silaing mah. Hanjakal teu jadi duit, nya?” 

“Enya, pan. Mun deukeut ka kota mah meureun lumayan jadi receh-receh mah. Cik, atuh, Ja sugan aya jalan piduiteun. Uing mani geus hanaang hayang duit ieu teh...” 

“Aya ari daek mah...” 

“Gawe naon, euy?” Karto haripeut nanya. “Tapi peuting gawena..” 

“Peuting? Lain ari jadi panca longok mah?” Karto ngaregog deui. 

“His, gagabah teuing. Lain euy, ieu mah neangan sasatoan nu sok liar ti peuting atawa beunang diala ari tipeuting, samodel toke, manuk, oray atawa bangkong...” 

“Payu kitu?” Karto kataji deui. 

“Payu, lumayan we batan nganggur...” “Ka mana ngajualna?” “Aya bandarna di Golempang. Gampang duitna, crung-creng tara dianjuk. Hayu ari arek mah, diajar we heula ka uing. Ke peuting disampeur...” “Enya atuh ah. Di imah ge kalah nundutan, mending barangsiar ari enya jadi piduiteun mah...” Cek Karto sumanget. “Sip, ke peuting disampeur, nya. Geus rek magrib euy, uing rek mulang heula...” Cek Wija bari cengkat. Jeung saenyana, ti beulah kaler kadenge sora nu nabeuh bedug magrib. Ngong sora adan... Wija amitan. *** TABUH dalapan Wija norojol nyampeur. Samemehna Karto geus bebeja ka pamajikanana rek barangsiar nuturkeun Wija. Susuganan enya aya milik. Make sapatu oblok, huluna dikupluk keur nahan hawa tiris. Ngiclik tukangeun Wija. Di langit bulan meh sampurna, tanggal tilu belas kitu. Caang ngagembrang. Senter teu pati diperlukeun. Duaan laleumpang meuntas pasawahan nu ngahgar garing. Narabas we teu mapay galengan ieuh. Nu ditujuna lebak Ciliung. “Susuganan aya oray sanca deukeut leuwi Pongpet. Sugan nu peuting kamari nembongan deui,” cek Wija. “Kitu kamari peuting ngawenehan?” Cek Karto. “Enya. Hanjakal rada kagebah, atuh kabur ka leuwi...” “Badag orayna, Ja?” “Lumayan. Aya meureun opat meteran mah panjangna teh..” “Ambuing, gede atuh sagede kitu mah, Ja?” “Enya. Mun beunang mah lumayan piduiteunana oge..” “Tapi kumaha newakna oray sagede kitu?” “Ah, gampang, To. Asal geus kacekel huluna tuluy bulen ku lamak pasti moal walakaya. Duaan mah rada babari, silaing kudu nyekelan buntutna...” Bari leumpang Karto ngabayangkeun kumaha keur newak oray sakitu gedena. Rada ngarey punduk, tapi disieuhkeun. Lamun jadi piduiteun bari halal, naha make kudu sieun... Srog ka deukeut leuwi Pongpet nu caraneom. Sora cai ngoletrak kadenge tina curug memeh leuwi. Leumpang Wija ngalaunan, Reg eureun. Matana awas ka beh girang. Beh dinya batu taringgul kasorot cahaya bulan.. “Lakadalah Si Sanca teh nembongan deui. Tuh tempo ngajepat na batu, To...” Cek Wija nuduhkeun. Enya we oray Sanca ngajepat na batu. Sisitna mani herang katojo cahaya bulan. Teu salah omongan Wija, aya opat meterna eta oray teh... Wija nyiapkeun cagak nu ti tatadi dipapanggul ku manehna. Eta cagak teh gagangna panjangna aya tilu meterna. Gunana keur ngadengkek beuheung oray samemeh huluna dibulen ku lamak. “To, tuturkeun uing nya. Engke dengekeun parentah uing, kade ati-ati..” Wija ngaharewos. Karto unggeuk. Wija dedempeyan ngadeukeutan oray sanca nu ngajepat dina batu. Sabisa-bisa teu nimbulkeun soara. Karto nuturkeun tukangeunana. Geus deukeut, tanginas Wija metakeun cagak pas ngadengkek kana handapeun hulu oray. Atuh si oray teh pakgurinjal tuluy meulit kana gagang cagak. “To, buru bulen huluna!” Wija ngagorowok. Oray adug-adugan. Perengkel kana leungeun Wija nu nyekelan cagak. Terus meulit pageuh. Sieun-sieun ge Karto mulen hulu oray ku lamak warna hideung. Reketek ditalian. Cagak dilesotkeun. Geus dibulen mah teu motah oray teh. “Ieu tah buntutna nu meulit kana leungeun uing bukakeun, To,” cek Wija. “Bantuan!” Enyaan ari make tehnik mah geuning babari newak oray sakitu gedena ge. Geus leupas tina leungeun Wija jeung tina cagak, blus kana karungkeun... “Geus ah sakieu ge meunang dua ratus rebueun mah...” Cek Wija. “Mahal kitu ari oray sanca hargana?” cek Karto rada ngembang kadu. “Lumayan we... Hayu ah, ngan kudu digotong...Tah aya awi kebeneran sok pake rancatan...” Cek Wija. Tunggtung karung ditalian kana awi. Regeyeng we digarotong. Lumayan beurat Si Sanca teh. Wija nu ti hareup. Duanana leumpang ka beulah kidul, mapay-mapay sisian walungan. Palebah tangkal picung nu ngaroyom caraneom, Wija ngarandeg. “Tuh, tempo pirejekieun deui wae...” Cek Wija. “Naon, Ja, oray deui?” Karto nanya. “Lain, tuh...” Wija nuduhkeun ka beulah landeuh. Tembong aya nu ngagelong dua siki. “Har, naon eta, Ja?” “Kerud eta mah...” Cek Wija bari ngaheheh. “Rek diala nya nu kitu ge?” Karto hemar-hemir. “He he... moal nu kitu mah, To... Keur nahaon da teu payu. Ongkoh ngiar-ngiar ngarontok ka maneh...he he..” Oray teh lumayan beuratna. Awak Karto geus luut-leet ku kesang. Kitu deui Karto. Leok meuntas sasak gantung. Asrog ka lembur peuntas. Keur nanjak dina jalan...sreng, sreng, sreng lampu senter nyaaangan maranehna. Aya opat jama ngabedega ngahalangan jajalaneun. Karto jeung Wija ngarandeg. “Saha eta?” Cek jama nu make kupluk. “Uing Wija...” Tembal Wija. “Naon eta nu ditanggung dina karung?” “Oray sanca...” “Wadul siah... Lauk, nya?” Nu make kupluk nyampeurkeun dituturkeun ku babaturanana. “Lain, Kang... Oray ieu mah...” “Wadul siah... keur meuweuh nu maling lauk ayeuna teh. Sia meureun nu kacerek ayeuna ku aing...” Sorana beuki galak. “Nempo siah..” Karto jeung Wija ngecagkeun karung nu ditanggung. Sreng senter nyaangan karung. “Gowat buka!” Nyentak. “Kelanan atuh...”Wija muka tali karung. Barang karung dibuka, najan hulu oray dibulen, tapi lulunjuk rek kaluar tina karung. “Bedul, heueuh oray geuning....” Nu make kupluk ngajleng ka tukang. Reuwaseun nempo oray sakitu gedena. “Talian deui siah karungna, aing sieun!” Teu sangka sentak porongos teh nempo oray mah ngarempod. Wija rada nyerengeh. “Heueuh hampura uing geus nyangka goreng ka maraneh duaan...” cek Nu Make kupluk sanggeus karung ditalian deui. “Keur rea nu maling lauk pan di ieu lembur teh, kena-kena halodo balong caina meh saraat, gampang ngala laukna. Matak uing sabatur-batur teh keur ngintip-ngintip...” Karto nu titadi ngahephep rada mentegeg oge hatena. Horeng manehna disangka maling lauk. Teu pati lila Karto jeung Wija geus ngagarotong deui karung eusi oray sanca. Sapanjang jalan ngalobrolkeun pangalaman dipegat ku urang lembur peuntas. Meh tengah peuting anjog ka imah bandar nu sok meulian sasatoan sabangsa oray, suwike, toke, jeung sajabana. Horeng geus aya batur nu sarua keur ngajual beubeunangan peuting harita. Ngan nu pangalusna nasib mah Karto jeung Wija. Oray teh payu dua ratus lima belas rebu. Karto dibere saratus ku Wija. 

“Peuting isukan mah cuang ka beulah lembur Cicarangcang,” cek Wija bari ngincid pangheulana. 

“Hayu!” Cek Karto giak. Puguh we asa meunang jalan keur nambah-nambah resiko dapur. Najan tadi kungsi disangka maling lauk, teu ieuh jadi pamikiran ari geus mesakan duit mah. Bulan di langit ngangkleung sorangan. Hawa tiris usum halodo mani nyelesep. Maranehna terus laleumpang bari arudud. Muru ka lemburna deui.*** Lembur simpe 2012

Senin, 07 Januari 2013

Pisah Ti Ciamis, Naha Enya Pangandaran Bisa Leuwih Maju?

NAON sabenerna motivasi Pangandaran hayang pisah ti Kabupaten Ciamis sarta ngadegkeun kabupaten sorangan? Lamun ningali PAD (Pendapatan Asli Daerah) ti 10 Kacamatan nu bakal ngagabung jadi Kabupaten Pangandaran, nu ukur 13 persen tina PAD Kabupaten Ciamis, tangtu urang cangcaya lamun nyebutkeun yen potensi ekonomi nu jadi alesan utamana. Sumbangan tina sektor pariwisata memang kawilang onjoy, tapi moal bisa diandelkeun kitu-kitu wae. 

Jadi sabenerna, paktor politik lokal nu gegedena ngadorong hayang misah ti Kabupaten Ciamis teh. Da kadituna mah nasibna bakal moal beda ti Ciamis, dina ngajalankeun roda pamarentahanana bakal rea gumantung kana anggaran ti Pamarentah Pusat jeung Propinsi. Tina PAD mah keur ngagajih pagawena oge moal mahi. Naha Pangandaran sanggeus misah bisa leuwih maju batan ayeuna? Tangtu we bakal leuwih maju. Tapi naha majuna bakal nyongcolang atawa biasa-biasa wae? Eta nu kudu didagoan teh. Tapi indikatorna mah ieu: lamun engkena Pemda Pangandaran bisa nyieun kawijakan nu mere kasempetan ka swasta pikeun ngembangkeun potensi ekonomi nu aya, insya Allah Pangandaran bisa leuwih maju. Kamajuan Pangandaran bakal gumantung pisan kana kamotekaran sektor swasta. Pemdana mah asana moal bisa loba ngawangun sabab heureutna anggaran. 

 Tapi oge karakter urang pakidulan nu “keras” bakal jadi pleus mineusna. Pleusna lamun diminij kalawan hade bakal ngadatangkeun rea dukungan. Tapi lamun sabalikna, bakal jadi sumber konflik nu leuwih rame sarta hese dibeberesna. Masarakat Pangandaran teu mustahil bakal beak energi ku memeres konflik batan ngawangun daerahna. Tapi, sok lah geura tembongkeun kamotekaranana. Kuring urang Ciamis rek lalajo.**

Jumat, 04 Januari 2013

NEANGAN CAGUB JABAR NU NYAAH KA BUDAYA SUNDA

TANGGAL 24 Februari 2013 nu bakal datang, urang Jawa Barat bakal milih Gubernurna nu anyar. Loba harepan nu diteundeun ka sing saha wae nu kapilih. Salianti maranehna boga kawijakan jeung tarekah pangwangunan nu ditujukeun keur ningkatkeun karahjaan masarakat Jawa Barat, oge maranehna kudu ningkatkeun kamekaran budaya Sunda. Ulah nepika naon nu dijalankeun jeung diucapkeun ku maranehna malah ngaleungitkeun budaya Sunda.

Nu makalangan jadi cagub Jabar teh lima pasang, saha di antarana nu boga kadeudeuh kana budaya Sunda? Pasangan nomer 1 ti jalur independen Dikdik Mulyana - Cecep Toyib, sabenerna rada asing keur kareaan masarakat mah. Rada hese ditoongna  kadeudeuh kana budaya Sundana. Pasangan kadua Kang Yance - Tatang F, enya urang Sunda kabehanana oge, tapi salila ngajabat jadi Bupati Indramayu jeung Bupati Tasik teu pati kadenge ketakna kana kamekaran budaya Sunda. Pasangan nu katilu Dede Yusuf - Lex Laksamana, husus Dede Yusuf rada katingali kanyaahna kana budaya Sunda, bubuhan manehna mimiti karir tina dunya seni (filem). Salila jadi wagub oge rada tembong tarekahna kana budaya Sunda najan lantaran heureutna kakawasaan cagub jadi kurang gede aweuhanana. Pasangan kaopat Aher - Dedy Mizwar, bisa diharepkeun ti tokoh Dedy Mizwarna lantaran inyana memang ancrub di dunya seni (filem). Bisa jadi kontradiktif jeung Aher nu rada teu pati ngadukung budaya Sunda, kungsi patelak jeung budayawan Sunda perkara Jaipongan. Pasangan kalima Rieke- Teten Masduki, rada neundeun harepan lantaran Rieke memehna ancrub di dunya seni (sinetron).

Jadi, nu mana nu paling pantes dipilih bari disawang bakal nyaah kana kamekaran budaya Sunda. Dede Yusuf jeung Rieke bisa rada diandelkeun. Dedy Mizwar lantaran posisina Cawagub rada teu pati bisa diandelkeun lantaran wagub mah ban serep nu teu pati boga kakawasaan nu lega.