Toko Online@Bajuku

Kamis, 17 Oktober 2013

FIKSIMINI

Nginfus Printer


Mangsa butuh ngadat. Matak jangar kana sirah. Mangkaning waktu geus mepet. Prineun sakieu reana. Printerna error. Mun hade mah ditalapung tah sakadang printer teh. teu nyahoeun nu keur rusuh. Dioprek kukumaha ge teu hade wae.

"Hadeuh, euy tulungan yeuh printer uing ngadat!" Cek kuring ka Si Inot.
"Ngadat kumaha?"
"Mangsina pegat-pegat tah hasil cetakna teu baleg. Padahal tintana anyar dieusian."
"Tuda infus geura printerna, ulah ku catride aslina kitu.."
"Heueuh, ka mana nginfusna?"
"Ka Puskesmas heg, Ka Rumah Sakit jung!"
"Aeh jadol teh!"

Fiksimini


Si Holly

Si Holly, Neng Holly, wanoja rancunit nu pipina jiga tina marmer, wanoja nu jadi korban di apartemenna lantaran dipaehan ku jalma panitah salakina. Si Holly rudet, loba pamenta, timburuan, galak - heueuh pantes mun dikirim ka alam baka. Cek kuring eta teh.

Teu ngukur ka kujur Si Holly teh. Apal status manehna kumaha, naha loba pamenta. Naha daek dikawin siri atuh? Pan meureun apal resiko hukumna kawin siri mah. Nu utama mah meureun pamajikan Si Gatotna nu resmi. Masing arek nepika mana oge, tetep we posisi manehna mah lemah.

Ras inget ka Ratna. Ratna nu ayeuna boa geus jadi taneuh tinggal tulang tangkorekna. Pan manehna teh Si Holly-na kuring. Ratna nu loba pamenta, Ratna nu timburuan, Ratna nu rek ngancurkeun karir kuring. Ratna nu kudu manggihan nasib ditelasan pati. Bedana, mun Si Gatot maehan Si Holly teh kapanggiheun kunu berwajib. Kuring, nelasan Ratna nepika ayeuna geus lima belas taun teu sing kasusud ku hukum. Hirup kuring estu aman, tengtrem, karir beuki ngajaul. Gatot, Gatot, mun diajar heula mah ka kuring.
 

Sabtu, 16 Maret 2013

Tilu Wanoja




MAESARAH nyaring dina kaayaan awakna asa pasiksak. Pararegel. Manehna maksakeun hudang bari tuluy babatek. Unggal isuk ge kieu, gerentesna. Sanggeus poe kamari pagaweanana jiga nu moal rapih, meh meakeun tanagana.
Ret kana jam nu naplok dina tembok kamar, karek ge satengah tilu. Jrut  turun tina dipan, hawa karasa nyelesep. Hordeng dibuka-bukakeun. Plong jandela kamar. Hawa seger minuhan rohangan kamar.
Maesarah kalaur ti kamarna. Kasampak Diwa, salakina masih sare dina korsi. Buligir teu dibaju-baju acan. Enya, peuting teh hawa karasa bayeungyang. Geus sabaraha taun manehna jeung salakina sare masing-masing? Aya kana dalapan taunna. Teu hayang ngaganggu nu keur tibra, manehna ngaleos ka cai.
Ayeuna poe Saptu, pagawe pabrik bagian garajihan. Nu balanja sok teu katadah. Ti kamari Maesarah geus minuhan warungna nu aya di peuntaseun pabrik garmen. Tapi manehna inget, masih rea keneh barang nu can aya. Wayahna tas subuh manehna kudu buru-buru ka pasar. Jam genep kudu geus bisa mukakeun warung.
Maesarah micinta hirupna, pagaweanana. Najan karasa cape, jeung teu kurang pangbayu ti salaki, manehna tetep tagen. Resep boga panghasilan sorangan teh, teu gumantung teuing ka salaki. Boga kabebasan finasial sorangan...
Tas solat subuh Maesarah geus nyerepet na motor muru pasar. Ukur dua puluh menit ge geus nyampe. Sagala nu rek dibeuli geus aya na uteukna jeung geus apal kudu ka beulah mana ngajugjugna. Sajam rengse. Mulangna samotor ringkung ku kardus eusi rupa-rupa balanjaan.
Teu ka imah heula, tapi tuluy ka warungna. Panon poe mimiti meletek. Mukakeun gebyog terus palpikpek meresan balanjaan, diatur satempatna-satempatna. Rupa-rupa barang kabutuhan meh pepek. Ti mimiti kueh-kueh, sabun odol, roko, katut tektek bengek nu diperlukeun, kumplit. Warung manehna memang jadi pangjugjugan pagawe pabrik lantaran sagala nyampak.
Geus rengse, nu balanja mimiti jul-jol. Maesarah ngaladangan sapinuh kacintaanana kana pagaweanana. Dalehdeh jeung cepet. Teu weleh dibarung ku banyol.
Masih kaburu nelepon salakina.
“Halo, Pah? Tos ugah?”
“Atos..” tembal salakina ti beulah ditu. “Mamah tos di warung?”
“Muhun... Kanggo sarapan mah tos sayagi... Bade ka mana ayeuna?”
“Biasa mah..nguseup..”
“Nya, jig bade nguseup mah. Dugika enjing, nya?”
“Enya...”
Maesarah nutup teleponna. Biasa mun salakina rek nguseup sok sapoe sapeuting. Datangna pasti poe minggu isuk-isuk.
“Saha, Ceu?” Cek saurang lalaki nu balanja.
“Caroge..”
“Caroge? Kutan Euceu gaduh caroge, manawi nyorangan wae..” Cek eta lalaki bari nyerengeh.
“Nya gaduh atuh...tukang warung ge manusia...”
“He he he...Si Euceu mah bisa wae... Pedah we tara tembong ka dieu...”
“Gaduh kasibukan masing-masing apanan. Euceu di dieu, itu caroge mah damel di tempat nu sanes...”
“Ohh...”
Jeung memang enyana salakina mah langka ngalanto ka warung. Saolah-olah teu urusan da warung mah nu pamajikan, manehna mah teu nyaho nanaon. Keur Maesarah mah teu jadi masalah. Ongkoh aya kadinya ge sok geregeteun. Najan ngabantuan laladang kalah loba tatanya ngeunaan harga barang nu dibeuli ku nu balanja da teu apaleun tea. Jaba manehna ngaladangan, jaba nembalan salaki. Leuwih hade euweuh di dinya.
Tabuh satengah tujuh jol Tia, anakna.
“Mamah...” Cek Tia.
“Ya, sayang...” Tembal Maesarah. Apal pasti menta duit keur jajan. Song dibere sapuluh rebu.
“Nuhun, Mah...” Cek Tia
“Bapa tos mangkat, Tia?”
“Teu acan. Bade ka mana kitu bapa, Mah?”
“Biasa pan nguseup..”
“Ih, nguseup wae bapa mah taya kabosen...”
Maesarah nyerengeh.
“Dah Mamah...” Cek Tia bari ngaleos ka beulah kaler, muru sakolana.
“Dah...”
Beuki beurang, nu balanja beuki kerep. Maesarah beuki sibuk. Cape. Tapi resep. Antukna jiga taya kacape.


**

ATIKAH geus elekesekeng. Nu nyebut rek datang jam tilu sore teh, ayeuna geus meh jam lima can jol keneh wae. Sms mah sms, tapi teu dibales. Nelepon sarua teu diangkat. Antukna keuheul...
“Keur ngeukeupan Si Maesarah ta...” Dadana kahuru rasa timburu.
Lengo ka jalan. Nu laliwat teh lain deui-lain deui. Pokona mah lamun nepika jam genep taya ka dieu, ulah harep bisa meunang kasenangan di imah ieu, Maesarah ngancam lalaki nu dianti-antina.
Tapi jam lima leuwih dua puluh aya motor asup ka buruan imahna. Tina sora motorna Atikah apal nu datang teh pasti Diwa. Komo da motorna tuluy diasupkeun ka garasi, beuki pasti eta teh Diwa.
“Telat-telat teuing,” Cek Atikah jamedud.
“Biasa...rada hese indit ti panguseupan. Keur resep lauk rea nu nyorang...” Tembal Diwa bari celengok nyium pipi Atikah.
“Emh, bau hanyir....” Atikah nyurungkeun Diwa, ogo. “Ibak heula jig...”
“Enya atuh da asa rareged..”
“Bade ku cai haneut?”
“Moal ah...”
Atikah ngasongkeun anduk nu geus disadiakeun. Teu lila Diwa ngoloyong ka kamar mandi. Gebrus mandi, awakna karasa seger. Di ruang makan, Atikah mukakeun tudung saji. Dahareun geus ngabarak, nang nyiapkeun ti tadi.
“Geura makan, Kang,” Cek Atikah sanggeus Diwa rengse mandi jeung disalin.
“Siap... Si Aa mana?” Cek Diwa nanyakan anak Atikah.
“Biasa diamankeun ka ninina...” Tembal Atikah bari nyerengeh.
Heuleut satengah jam Atikah jeung Diwa rengse dalahar. Diwa nangkeup Atikah ti tukang...
“Akang kangen...” Diwa nyium punduk Atikah..
“Ih, getek...” Atikah ngajerete.
Tapi Diwa teu paduli. Manehna beuki sumanget ngagalentoran Atikah.
“Sore keneh, Kang...” Atikah haroshos.
“Bae...”
Diwa mangku Atikah ka kamar. Sagalana ngagolak ari geus di jero kamar mah. Beuki rongkah. Duanana kalebuh dina lautan birahi nu ngagalura jeung ngagairahkeun.
Atikah apal saha lalaki nu keur ngagalentoran manehna: salaki batur, salaki Maesarah. Manehna sorangan, najan geus sataun teu puguh jeung salakina, hirup papisah,  tapi can resmi karagragan talak. Statusna masih boga salaki. Tapi manehna yakin, hiji waktu manehna bakal ditalak ku salakina, sarta Diwa bakal jadi milik manehna sorangan. Lain nu Maesarah, lain nu batur, tapi nu manehna. Nu manehna sapinuhna.
Naon nu sok diangen-angenkeun ku manehna ngeunaan lalaki ideal aya dina diri Diwa. Kasep. Intelek. Enak diajak ngobrol. Muaskeun manehna di tempat sare.
Teu kawas salakina nu cahuleun pisan. Taya inisiatip, sagala kumaha awewe. Atikah teu butuh ku lalaki kitu. Lalaki mah kudu jadi pamingpin dina rumah tangga, lain dipingpin ku pamajikan.  Egois di tempat sare, ukur puas manehna wungkul, ari pamajikan mah teu diperhatikeun.
Beda tanah ka langit jeung Diwa mah.
Hanjakalna Diwa masih keneh salaki Maesarah.
Tapi hiji waktu, nya hiji waktu... Diwa kacida berhargana batan kudu nimbang-nimbang kasieun disebut ngarebut salaki batur, ngaruntagkeun rumah tangga batur. Manehna teu paduli...Nu penting Diwa kudu jadi milikna. Kudu! Hiji waktu! Najan kumaha jalanna...
Geus meh dua tahun Atikah boga hubungan rencep jeung Diwa, tapi manehna can wani menta kapastian ditalak ku salakina. Geus dua taun teu dikipayahan, teu jadi soal da manehna ge boga usaha sorangan nu cukup. Ngan lamun Diwa geus kacekel omonganana, daek ngawin manehna jeung miceun Maesarah, manehna rek menta ditalak.
Sagala kabisa nu dipiboga ku Atikah dina ngirut Diwa, diketrukeun sangkan eta lalaki teu bisa hojah ti manehna. Teu bisa leupas ti manehna. Sasat dipitapak. Engke geus karingkus sagemblengna, tinggal manehna nu ngadalianana. Tapi saayeuna manehna ngarasa Diwa masih keneh bimbang. Enya teu pernah nguciwakeun manehna, tapi kanyaahna ka Maesarah masih aya keneh. Satekah polah manehna keur mupus Maesarah dina hate Diwa...
Atikah yakin....yakin pisan...hiji waktu Diwa bakal ninggalkeun Maesarah.
Hiji waktu bakal ngawin manehna.
Hiji waktu... Nya hiji waktu...
Najan teuing iraha....

**

DEWI keur nginget-nginget deui jaman manehna SMA di Ciamis. Dua puluh tilu taun geus kaliwat. Teu karasa, asa anyar keneh horeng geus kaliwat puluhan taun. Tapi rea keneh panineungan nu karasana endah. Paingan cenah mangsa SMA mah mangsa pangendah-endahna, tuda enya kitu pisan.
Inget ka babaturanana nu bageur. Nu pikalucueun. Nu pikasebeleun. Utamana inget ka urut kabogohna jaman SMA: Diwa. Dadana teu weleh ngageter lamun inget ka manehna. Diwa, Diwa... Aneh puguh, eta lalaki teu leungit-leungit tina kalbuna. Najan geus kasaput waktu sakitu puluh taun, perasaan manehna ka Diwa taya robahna saeutik ge. Tetep micinta. Tetep miharep bisa papanggih deui. Tetep, tah ieu nu leuwih aneh, bisa ngahiji dina hirup rumah tangga. Padahal manehna geus rumah tangga. Diwa oge pasti geus rumah tangga.
Carita hirup memang taya nu bisa neguh. Jiga tatarucingan nu hese jawabanana. Tapi kadang pinuh ku nu teu disangka-sangka. Nya, teu sangka Dewi oge bakal papanggih deui jeung Diwa.
Basa ngalongok kolotna di Ciamis, hiji waktu Dewi aya perlu ka kota, di parkiran Pajajaran ari gok teh jeung... Diwa!
“Diwa! Ieu teh Diwa?” Dewi meh ngagoak nempo lalaki nu hirup na kalbuna beurang jeung peuting aya hareupeunana.
“Muhun...” Tembal Diwa, jiga nu asa-asa ka manehna.
“Ning jiga nu teu emut ka abi, Di?” Dewi asa kuciwa.
“Ah, henteu...mung asa teu percanten we. Dewi, kan?”
“Ah, Diwa mah...enya atuh ieu teh Dewi. Piraku hilap...”
Inget jaman SMA, Dewi jeung Diwa, sok disaleongkeun Dewi jeung Dewa ku babaturanana mah.
“Moal hilap dugika iraha wae ge...” Cek Diwa.
“Sami atuh...”
Ngaheneng sakeudeung. Dewi ngararasakeun hatena nu ujug-ujug ngagalura. Mun teu era ku jalma nu tas baralanja mah manehna hayang ngagabrug Diwa. Nangkeup Diwa satakerna...
Diwa ngajakan Dewi ka rumah makan nu teu pati jauh ti dinya. Kabeneranana teh teu pati rea jalma nu dalahar. Atuh rada nyalse ngobrol oge.
“Diwa tos sabaraha putra?” Cek Dewi.
“Dua...pameget sadaya. Dewi?”
“Nol...” Cenah bari nyerengeh.
“Nol kumaha maksadna?” Diwa bangun nu heran.
“Nol...teu acan gaduh hiji-hiji acan...”
“Har, naha?”
“Teu acan dipercanten we ku Gusti Alloh...”
Rea-rea deui obrolan harita. Ngaguar panineungan mangsa papacangan keur SMA.
Nya ti harita kalbu Dewi asa kabetot deui ku mangsa lawas. Mangsa jeung Diwa ngarenda carita asih. Jadi sering nelepon. Jadi sering mulang ka Ciamis, nepungan Diwa. Atawa Diwa nu ka Bandung, nepungan Dewi.
Nepika Dewi boga angen-angen kieu, bae manehna rek menta talak ka salakina, da bonganna teu daek boga budak. Cek dokter, salakina nu mandul. Bae dicandung ku Diwa oge...

***

DIWA nyemprung na motor nembus hawa peuting. Dina tonggongna nyorendang tas nu eusina jeujeur. Hawa halodo karasa tiris.
Cikeneh Dewi nelepon. Untungna manehna geus kaluar ti imah Atikah.
Hate Diwa bimbang.
Maesarah...geus puguh pamajikanana.
Atikah...lebar ku geugeutna jeung motahna di tempat sare.
Dewi...panineungan lawas nu ngajirim deui.
Hhhhhh...kudu milih mana ieu aing? Bet asa jadi arjuna... Nu mana nu kudu dipiceun. Atawa arah tiluanana?
Motor terus ngadius.
Meulah peuting.
Meulah tirisna hawa.***

Rabu, 09 Januari 2013

CARPON


Nu Teu Mulang Tas Lebaran



KAASUP alus milik, basa Wija isuk-isuk datang ka imah Haji Dede, kasampak keur aya. Malah tembong nyalse, Haji Dede keur maca koran dina terlas hareup. Biasana Haji Dede mah jarang di imah, hese hayang panggih teh, malum pangusaha nu keur meumeujeuhna nanjung.
“Aeh, geuning urang kota teh aya keneh di lembur?” Cek Haji Dede bari nilepan koran.
Wija ngaheheh bari nyolongkrong ngajak sasalaman.
“Batur mah nu marudik teh geus baralik deui ka kota, ari maneh Ja, naha aya keneh di lembur?” Haji Dede mencrong Wija.
“Muhun, Pa Haji... Abdi mah moal ka kota deui da... Bade teras di lembur we ayeuna mah... Hoream ka kota deui teh abdi mah...” Cek Wija. Hatena mah rada era nyarita kitu teh...
“Sukur atuh ari geus rek bumetah di lembur mah... Teu kurang-kurang sumber kahirupan mah di lembur ge... Sukur....sukur lah, bungah lembur nambahan deui warga, moal tariiseun teuing ditaringgalkeun ku nu nareangan kipayah ka kota...”
Wija nyerengeh.
“Namung da abdi mah kapaksa, Pa Haji...”
“Har, kapaksa kumaha? Mun teu salah ngitung mah Wija teh usaha di kota geus aya kana lima welas taunna... Meureun meujeuhna geus boga bekel keur hirup di lembur... Piraku rek saumur-umur usaha di kota wae, teu inget balik deui ka lembur...”
“Nya muhun nu sarukses mah Pa Haji... Nu nasibna sae sareng arageung modal mah mendakan kasenangan usaha di kota teh... Abdi mah ukur tinggal daki we di kota ge... “Cek Wija. Luk tungkul.
“Euh, kutan kitu nya?”
“Sumuhun, Pa Haji....”
“Enya ketang nya, nasib meureun nu kuat mah... Tapi ketang pan cenah nasib mah bisa dirobah, nya?”
Wija unggeuk.
“Hartina nasib mah kumaha patekadan urang. Mun urang kuat tekad dina ngarobah nasib, nya nasib ge bisa robah. Lamun teu kuat atawa satengah-satengah tekad urangna, meureun nasib ge moal bisa robah...”
Wija ngeluk deui wae.
“Atuh soal modal, ah kuring apal Ja urang dieu nu sukses usaha di kota. Itu  Si Sapri tina ukur dagang baso dina roda pan ayeuna mah cenah bisa meuli ruko. Dagang basona ge di ruko ayeuna mah. Padahal mun dipikir tina modal dagang baso dina roda mah, sabaraha gede modalna, sabaraha untungna? Tapi meureun manehna mah apik bakat hayang ngarobah nasibna...”
Teu lemek, Wija beuki ngeluk.
“Si Toha deui, tina supir angkot ayeuna mah jadi juragan angkot. Si Udeng, mimitina buburuh ngaduk, ayeuna mah bisa jadi pemborong...”
“Muhun pan nu sanes mah, Pa Haji... Sarae milikna... Abdi mah angger we petot kahirupan teh...” Cek Wija karek nembalan.
Haji Dede ngaheheh.
“Ah, ulah dipake leutik hate, Ja... Encan Wija mah... Pan cek kuring ge nasib mah bisa dirobah asal kuat tekad dina ngarobahna. Teu di kota teu di lembur pikeun jadi jalma sukses mah taya halangan. Modal ulah jadi halangan. Rea jalma nu tadina modal leutik tapi ari bisa mah ngaturna bet jadi beunghar. Kuring ge cicing di lembur, lain agul Ja, cek batur mah pan disebut sukses...”
“Sumuhun..”
“Terus, Wija ayeuna di lembur rek usaha kana naon?”
Memeh nembalan Wija ngarenghap heula.
“Nyaeta Pa Haji, abdi teh teu acan gaduh totoongan bade naon-naonna. Namung saheulaanan mah mamanawian abdi teh bade nyuhunkeun tulung ka Pa Haji, manawi aya padamelan nu tiasa dipidamel ku abdi...” Cek Wija neger-neger maneh ngomong sakitu ge. Rumasa era geus kapeupeuh ku omongan Haji Dede cikeneh.
“Ah, era ngagawekeun urang kota mah...” Haji Dede ngaheheh.
“Teu kenging kitu Pa Haji...sing hawatos we ka abdi...” Beungeut Wija ngadadak nyiak beureum. Era.
“Emh, hampura ketang Ja, heureuy kuring mah... Nya ari arek buburuh di kuring mah pek wae... Kabeneran aya tilu mobil treuk nu nganggur euweuh supiran teh, supirna ka karota... bisa nyupir keneh lin?”
“Tiasa, atuh Pa Haji...Pan di Jakarta ge abdi nyupiran damel teh....” Tembal Wija giak.
“Nya atuh mimiti isuk we gawena. Kabeneran tas lebaran teh loba order ngangkutan batu ka proyek perumahan di Cisaga. Asa kabeneran, teu kudu riweuh neangan supir. Mobilna nu Z 7610, Ja... Jagjag mobilna mah... Tapi jig we ilikan ku sorangan. Kenekna Si Hamid..apal lin ka Si Hamid? Eta anakna Mang Cece..”
“Terang, Pa Haji...”
“Enya, jig we ilikan mobilna...”
Sanggeus nganuhunkeun ka Haji Dede mah, Wija ngoloyong ka garasi mobil Haji Jaja. Aya tilu mobil treuk nu ngabagug di garasi teh. Nu sejenna mah tangtu keur jaralan, da rea mobil treuk Haji Dede teh. Mun teu salah aya kana tujuh belas sikina.
Wija nyampeurkeun mobil treuk nu nomer polisina Z 7610 TB. Enya jiga jagjag keneh. Tina cetna oge katempo mulus, bubuhan asak piara meureun. Kalacat naek kana mobil, konci kontakna ngagantung. Jegur dihirupan, didedengekeun sora mesinna.
Enya, jagjag ieu mah, gerentes Wija. Teu lila mesin mobil dipareuman. Jrut turun, tuluy taang toong ka kolong mobil, nempoan handapan. Per aralus, taya nu potong. Ban sakitu mah garaling keneh. Tinggal mecut we...

**

MULANG ti Haji Dede teu tuluy mulang ka imah. Tapi mengkol ka pasawahan. Nu ditujuna taya lian saung sawah nu bapana.
Panonpoe keur meujeuhna manceran. Keur usum halodo, tapi sawah di lembur manehna mah taya nu kagaringan da boga irigasi nu kawilang kuat caina. Pare keur meumeujeuhna hejo, sawareh tembong mangsa rareuneuh. Angin rada tarik nebak awak Wija.
Anjog ka sawah nu bapana,  Wija tuluy muru saung. Gek diuk. Kesang renung dina tarangna. Tapi kesang nu karasana enak kana awak, lain kesang lantaran baringsang ku panasna hawa Jakarta, tempat manehna nyiar kipayah welasan taun ka tukang.
Gek Wija diuk dina talupuh saung. Nempo ka jauhna satungtung ngaplakna sawah. Karasa tingtrim. Nu keur ngalongokan sawah parentul na galengan. Ti beulah wetan aya manuk kuntul ngalayang muru wates pasawahan....
Pikiran Wija ngacacang ka waktu nu geus kaliwat. Mangsa manehna usaha di Jakarta. Wayah kieu bororaah bisa nyalse, teu kawas ayeuna di lembur. Keur meumeujeuhna paheuras-heuras bitis di Jakarta mah... Gawe jadi supir Mayasari, hawa panas, macet teu anggeus-anggeus...hhhh, najan geus teu dilakonan deui bet ku manehna masih  keneh karasa capena, ripuhna... Dipikir-pikir ayeuna mah uyuhan we bisa tahan welas-welas taun kitu...
Keur Wija, omongan Haji Dede tadi teh asa nyindiran ka manehna. Enya batur mah sarukses, ari manehna mulang ka lembur teh ngaligincing. Ladang usaha beak keur kahirupan sapopoe. Bisa neundeun ge teu sabaraha. Nu diancokeun teh ukur keur lebaran. Bubar lebaran, teuteundeunan ge bubar, erep pisan.
Nganjrek di imah kontrakan sauur-umur. Teu cara batur, bisa meuli imah di Jakarta. Bisa barangbeuli di lembur, meuli kebon, meuli sawah. Bisa ngagedean usaha. Bisa ningkat pacabakan. Ari manehna supir we saumur-umur. Bororaah bisa cara batur...
Wija ngarenghap. Mun palid dina kahirupan kota manehna mah rumasa. Jiga jama beunghar, kana kadaharan teu disungkeret, naon wae nu hayang diasaan. Kana kahirupan peuting kota Jakarta teu tinggaleun. Kana meulian pakean teu kapetolan.  Kajeun duit beak da isuk ge bisa neangan deui.
Ayeuna karasana. Hirup taya robahna. Karunya we anak pamajikan. Kikiriman ka lembur teh taya leuwihna, sasat sesa manehna di Jakarta. Taya keur nambah-nambah pangaboga. Sabulan beak, sabulan beak. Nepika kolotna gegelendeng. Majar teh keur naon usaha jauh-jauh teuing ka kota ari hasilna taya punjulna mah. Nyupiran mah di lembur ge rea ieuh nu bogaeun mobil. Asal daek ngadunungan ka batur....
Dipikiran dibulak-balik, bet karasa benerna. Matak dina lebaran ieu, batur baralik deui ka kota, Wija mah nguatkeun tekad pikeun bumetah di lembur. Kumaha wae resikona... najan enya asa rawing ceuli ku nu nanya; naha can ka Jakarta deui, naha di lembur keneh...?
Sakuduna mah mulang bumetah deui di lembur teh geus kari ngahunang ngahening. Boga bekel nu kandel. Boga modal. Boga keur jalan usaha anyar. Ladang welas-welas taun usaha di Jakarta. Tapi manehna mah: nol pisan teh lain babasaan. Kahirupan di lembur ayeuna nya ngamimitian ti enol deui wae...
Kaduhung, bener-bener kaduhung, naha keur sumanget usaha di Jakarta aing teu apik, ngadon hambur, gerentes hate Wija. Coba mun apik, coba mun prihatin cara batur, coba mun boga tekad kuat ngarobah nasib...meureun moal kieu ieuh. Mangsa geus cape, mangsa geus bosen ku kahirupan Jakarta, mulang ka lembur teh bati bingung. Dasar..ah... Wija garo-garo teu ateul..
Batur mah sarukses usaha di Jakarta teh. Ari manehna?...
Encan Wija mah.... omongan Haji Dede nongtoreng deui. Wija ngorejat. Aya nu nguniang dina dadana. Enya, encan aing mah. Ngan jigana lain kudu di Jakarta. Kudu di lembur sugan, sangkan kahirupan robah teh... Hate Wija noroweco.
“Kang Wija....” Aya nu ngageroan.
Wija ngalieuk. Horeng Hamid, nangtung di luareun saung. Teu kadenge jolna.
“Aeh, Mid... rek ka mana?” Wija nanya.
“Ngahaja milarian Kang Wija. Tadi ditelepon ku Pa Haji Dede, cenah enjing mah jalan jeung Kang Wija da bade damel di anjeunna...” Cek Hamid.
“Enya, Mid. Daek lin buburuh babarengan jeung kuring?”
“Atuh kantenan, Kang.. Bungah we nu aya. Tos sabulan abdi mah teu buburuh da taya supir. Ayeuna aya Kang Wija, deuh... bungahna beh ditueun ti bungah.... Abdi tiasa buburuh deui... Teu enak nganggur teh, Kang...”
Wija nyerengeh. Hate manehna ge bet milu bungah. Aya harepan anyar nu mimiti ngeusian hatena. Rek diniatan ngarobah nasib. Rek ditekadkeun kalayan rosa. Sangkan bisa jiga batur... Najan teu ka kota. Najan di lembur. Moal jadi halangan.
Teu karasa waktu geus tangange. Panon poe moreret. Angin rada tarik,  sora daun pare nu katebak kadenge ngeresek.***
Lembur simpe, Agst. 2012.

CARPON




Mang Sodik

  
TEU pernah kuring manggihan jalma nu tina beungeutna teu weleh nembongkeun sumanget salainti Mang Sodik. Teu pernah. Sanajan keur cape, cahaya sumangetna tetep aya. Teu pernah pareum. Teu pernah aya kasedih. Kadang kuring ngagerentes, tina naon hate Mang Sodik dijieunna sahingga dina ekspresi beungeutna nu nembrak teh sumanget, sumanget jeung sumanget. Saolah-olah ieu dunya teh teu weleh ngagumbirakeun, taya kasusah. Padahal Mang Sodik teh ukur tukang bubur hayam nu tiap isuk ngadodorong gorobag  ngiderkeun daganganana...
Sora mangkokna nu ditakolan ngagambarkeun sumangetna. Ting ting ting...ting ting ting... Ritmena mandiri. Jalma sakomplek ieu mah apal, pasti Mang Sodik keur dagang bubur hayam. Ibu-ibu nu marales masak isuk-isuk pasti gura-giru kaluar ti imahna, megat Mang Sodik... Meuli buburna...
“Mang Sodik...bubuuurrrrr!”
“Mangga, Bu... Bade sabaraha mangkok?” Tembal Mang Sodik bari nyampeurkeun ngadorong rodana. Sora kreot-kreot tina roda gorobagna nu geus kolot...tah sarua kadenge sumangetna, beuki cepet.
“Dua mangkok we, Mang...”
“Sagorobag oge mangga, Bu, he he he... Ah, punten bu, heureuy...”
Nu rek meuli kadenge nyeuleukeuteuk.
“Hawatos nu sanes atuh Mang dipeser sadaya ku abdi mah...”
“Muhun ketang nya Bu he he...”
Biasana mah Mang Sodik tuluy talete.
“Nganggo kacang, Bu?”
“Saalit we, Mang..”
“Ladana?”
“Ah, teu kenging diladaan...kanggo budak da..”
Pon kitu deui mun nu meuli menta ditambahan naon-naonna.
“Daging hayamna ditambihan atuh, Mang..”
“Siap, Bu..” Bari bru ditambahan, teu tembong nyaah.
“Kecapna sing seueur, Mang..”
“Mangga, mangga....” Kecrot-kecrot kecapna ditambahan.
Jeung pamenta nu sejenna. Mang Sodik teu weleh ngaladenan nu meuli buburna kalayan sumanget jeung darehdeh. Jigana enya-enya manehna mah make filosopi “nu meuli teh raja”. Manehna hamba nu meuli. Rasa buburna mandiri, beda jeung nu batur. Pernah kuring iseng, mangkok eusi bubur teh dibalikeun, ajaib buburna henteu ragrag. Napel dina mangkokna bakating ku kentel.
Saentas ngaladenan nu meuli, manehna ngeureuyeuh deui. Nyampeurkeun langgananana nu geus ngadaragoan. Manehna mah tara gogorowokan natawarkeun daganganana. Cukup ku narokan mangkok, jalma sakomplek eta mah geus arapaleun.
Gorobagna memang geus kolot, tapi teu weleh bersih. Teu matak kagok nu mareuli. Dina kaca gorobagna aya tulisan tina sekotlait: BUBUR AYA MANG SODIK. RAOS PISAN. Beh ditu memang tulisanana lengkep: BUBUR AYAM... Tapi jigana hurup “M” na ragrag jeung teu pernah diganti deui...
Hiji waktu mah kuring kungsi ngomentar kana eta tulisan. “Hurup M – na ka manakeun, Mang?”
“He he, ragrag duka dimana. Tadina AYAM, eh terang-terang jadi AYA...” Cek Mang Sodik bari nyerengeh.
“Boa kagalohkeun kana bubur?” Kuring ngabanyolan.
“He he duka tah upami diarala kunu meser mah...” tetep nyerengeh.
“Naha atuh sanes diganti?”
“Ah, keun wae, Pa, malah sae janten ciri khas. Ongkoh bade AYAM, bade AYA, sadayana ge pada terang Mamang mah jualan bubur ayam, sanes nu lian he he..”
Kuring mesem. Alus tah alesanana teh....
Beh dieu, hurup S – na oge leungit. Atuh ayeuna mah kabacana teh: BUBUR AYA MANG ODIK... Teu komen kukumaha.. Asana mun ditanyakeun ge jawabna teh moal jauh ti kieu: “Ragrag duka di mana... Terang-terang janten ODIK we. Ongkoh bade SODIK bade ODIK jamana mah nu ieu-ieu keneh, he he..” Enya SODIK jeung ODIK mah teu pati pajauh ieuh...
Hiji waktu kuring jadi meuli bubur Mang Sodik nu pangpandeurina. Daganganana erep. Manehna ngitung duit ladang isuk eta. “Alhamdulillah...” Kadenge ngagerendeng bari ngabagi tilu duitna.
Kuring teu tahan pikeun nanya.
“Dibagi tilu kitu artos teh, Mang? Boa-boa keur mahugi sawareh?” Cek kuring.
“Ah, Si Bapa mah, bujeng-bujeng mahugi... Ieu mah modal..” Cek Mang Sodik bari nembongkeun bagian duit nu panglobana...”Nu ieu kanggo resiko dapur...” Manehna nembongkeun nu rada saeutik...”Tah nu ieu mah kanggo nabung...” Manehna nembongkeun duit nu kira-kira teh sarua jeung nu bagian kadua.
“Oh, sok nabung nya, Mang?”
“Nya, saalit-saalit, Pa... Tapi kieu cara mamang mah, dipisahkeun hancenganana samemeh dugika bumi. Ngahaja-haja hoyong nabung bari ngantosan sesa tina kaperluan mah, walah tara hade, seep deui seep deui. Alhamdulillah ku cara kieu mah tiasa gaduh sisimpenan. Yah, saha nu terang tiasa dianggo ongkos munggah haji he he...” Mang Sodik nyeuleukeuteuk tungtungna teh.
“Upama Mamang gaduh niat, naon wae bisa laksana, teu aya nu mustahil asal usahana soson-soson...” Cek kuring daria. Kuring teu nganggap omongan Mang Sodik tadi salaku heureuy. Mungkin wae manehna memang boga niat hayang munggah haji, saha nu apal. “Ku abdi didungakeun muga-muga Mamang tiasa munggah haji...”
“Amin...”
Sabenerna harita basa tas jajan bubur hayam Mang Sodik kuring kungsi mikir. Jalma leutik saperti Mang Sodik kadangkala ngalakukeun hal nu teu dilakonan ku jalma rea. Soal nabung misalna, kuring sorangan teu weleh hayang nabung, tapi teu pernah laksana. Kuring teu bisa nyisihkeun gajih pikeun nabung, kabeh erep keur pangabutuh. Kadangkala malah kurang, teu mahi sabulan gajih teh. Nabung teh jadi angen-angen we, mun geus rada ibur rek aya gajih ka 13 sok ngagerentes rek nyisihkeun keur nabung. Tapi mangsa kaluar mah bororaah bisa nabung, kabeh erep deui wae. Jalma saperti Mang Sodik cek kuring mah luar biasa. Najan panghasilanana leutik, tapi nyatana bisa nabung. Enya ketang, nabung teh sabenerna lain soal gede leutikna panghasilan, tapi gumantung kana kuatna niat dina nyisihkeun panghasilan...
Mang Sodik terus ngalakonan rutinitasna, jadi bagian di komplek paimahan ieu. Tiap isuk manehna ngadodorong gorobag dagang bubur hayamna. Jigana, taya saurang ge di dieu mah nu teu kungsi ngarasakeun kumaha pedona bubur hayam buatan Mang Sodik.
Aya diperlukeun. Mun pareng taya, jalma kaleungitan. Jalma silih tanya, ka mana Mang Sodik teu dagang. Sakali-sakali Mah Mang Sodik memang kungsi teu dagang, alatan gering atawa aya kaperluan ngadadak..
***
LIMA taun kuring pindah pagawean. Salila eta kuring teu pernah tepung deui jeung Mang Sodik. Lamun urut babaturan gawe teu hajatan mah, meureun kuring moal papanggih deui jeung Mang Sodik.
Make batik, kuring pangling nempo Mang Sodik. Beungeutna katempo leuwih ngeusi ayeuna mah. Tetep mancarkeun sumanget hirup nu teu pernah pareum. Angger darehdeh jiga bareto. Manehna nu pangheulana nanya teh...
“Masya Allah, ieu teh Pa Nana?” Cek Mang Sodik bari ngeupeul leungeun kuring pageuh pisan.
“Muhun, Mang, teu hilap kitu?” Cek kuring.
“Ah, piraku hilap atuh Pa, kapungkur pan Pa Nana pelanggan setia bubur hayam Mamang...he he...” Seurina masih cara bareto. “Damel di mana ayeuna Pa Nana teh?”
“Tebih Mang ayeuna mah, di pasisian....”
“Tos janten Kepala Sakola pastina oge nya?”
Kuring unggeuk.
“Alhamdulillah, Allah Maha Kawasa...”
“Masih icalan bubur hayam?”
“Masih, Pa. Upami teu icalan bubur hayam bade diparaban naon kulawarga Mamang he he he. Tapi ayeuna mah henteu dina roda, tapi gaduh kios nyalira di ruko payuneun komplek. Tos teu kaduga ngododorong rodana...he he...”
“Alhamdulillah aya kamajengan atuh...” Luar biasa tina tukang bubur hayam nu make gorobag, ayeuna geus boga kios sorangan bari dina ruko. Sabaraha nyewana oge, tangtu puluhan juta, ck ck ck...
“Yah, lumayan pa ladang tina nabung saalit-saalit..”
Kuring moal poho kana hal nabung tina diri Mang Sodik. Keur kitu aya saurang ibu-ibu ngaliwat.
“Eh, Pa Haji, sareng saha ka dieu?” Pokna. Jelas pisan ditujukeun ka Mang Sodik.
“Nyalira we. Si bibi nuju kanceuh rematikna...” Tembang Mang Sodik.
“Oh..mangga atuh.”
“Mangga, Bu.”
Pa Haji?
“Mamang tos janten haji ayeuna mah?” Cek kuring hayang ngayakinkeun. Luar biasa deui. Lima taun teu papanggih Mang Sodik geus nyieun kaajaiban hirup nu teu kabayangkeun ku kuring.
Mang Sodik ngaheheh.
“Alhamdulillah, Pa, abdi dipaparin rejeki ku Alloh kanggo ibadah haji.”
“Aduh, atuh hapunten...abdi kedah nyebat Pa Haji atuh ayeuna mah...” Cek kuring dibarung ku rasa ajrih.
“Ah, teu kedah, Pa. Abdi leuwih resep disebut Mamang we cara kapungkur he he .. Teu kedah nganggo emebel-embel haji. Aya nu langkung haji batan abdi....“
“Tulisan dina kios masih Bubur Aya Mang Odik nya sapertos dina gorobag?”
Mang Sodik mani ngehkey..
“Muhun, Pa, masih kitu...Etang-etang trade mark abdi eta mah...”
Teu lila kuring jeung Mang, eh Haji Sodik, papisah. Ujug-ujug kuring ngarasa era sorangan ku Mang Sodik. Manehna nu tukang bubur hayam geus bisa munggah haji. Kuring nu jadi guru, malah kepala sakola ayeuna mah, bari disarebut Pa, Bapa, bari pinuh rasa hormat, teu bisa jiga Mang Sodik. Teuing iraha bisa munggah haji.***

lembur simpe, 2013